Najan Ombak Ngagalura, Teu Jadi Hahalang Babinsa Sertu Heri Ngalaksanakeun Tugas Pembinaan Desa

- 14 Februari 2023, 13:09 WIB
Sertu Heri, Babinsa Koramil 0602-11 Tirtayasa Kodim 0602/Serang, bareng jeung warga tumpak parahu ngajugjug Desa Margasara di Pulo Tunda dina raraga pembinaan desa/Dok. Pendam III/Slw
Sertu Heri, Babinsa Koramil 0602-11 Tirtayasa Kodim 0602/Serang, bareng jeung warga tumpak parahu ngajugjug Desa Margasara di Pulo Tunda dina raraga pembinaan desa/Dok. Pendam III/Slw /

GALURA - Najan ombak ngagalura, teu matak ieuh jadi hahalangan pikeun Sertu Heri ngalaksanakeun tugas pembinaan desa.

Sertu Heri Babinsa Koramil 0602-11/Tirtayasa meh sapopoena nyanghareupan ombak nu ngagalura lagu dines di lingkungan masarakat desa binaanana.

Kawas harita waktu Babinsa Sertu Heri ngadongdon ka warga masarakat di Desa Margasara (Pulo Tunda), Kacamatan Tirtayasa, Kabupaten Serang, Minggu, 12 Februari 2023, lalampahanana nyanghareupan ombak ngagalura.

Baca Juga: Karajaan Rajagaluh Jaman Prabu Cakraningrat Dipedar dina Babad Cirebon

Baca Juga: Wisata Kuliner di Kota Bandung, Iga Bakar Si Jangkung jeung Sate Gulai Kambing HM Harris

Baca Juga: Perkedel Bondon, Batagor Hanjuang Astina jeung Bubur Ayam Bejo Kosambi, Tilu Wisata Kuliner di Bandung

Di satengahing sarwa kawates akses pikeun ngajugjug ka desa binaanana nu aya di tengah sagara, teu matak ngurangan patekadan Babinsa Sertu Heri dina ngabina Desa Margasara, (Pulo Tunda), nu jadi tanggung jawabna.

Ceuk Dandim 0602/Serang Letkol Arm Fajar Catur Prasetyo, Sertu Heri Babinsa Koramil 0602-11/Tirtayasa di satengahing kaayaan sarwa kawates akses transportasi, manehna tetep ngalakonan tugasna kalawan noron ngadongdon warga desa binaanana.

"Lagu ngajugjug eta desa binaanana Sertu Heri sok tumpak parahu warga pamayang atawa parahu warga nu rek ngaradon nguseup di Pulo Tunda," pokna.

Baca Juga: Karajaan Ragaluh nu Diadegkeun ku Dewa Niskala, ceuk Kuncen Leuweung Prabu Siliwangi, Lain Dongeng

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah