SMA Pasundan 3 Bandung Leubeut ku Prestasi Buah tina Nanjeurkeun Kadisiplinan

20 November 2023, 19:00 WIB

 

GALURA.CO.ID -Ngokolakeun sakola, sangkan ngirut masarakat, memang henteu gampang. Ngan, keur Drs. H. Wisma Lesmana Indra Sadewa, M.MP.d., M.Si., SH., PhD., nu kiwari cepeng pupuhu SMA Pasundan 3 Bandung tarekahna dina leuwih ngaronjatkeun atikan palakiahna kawilang basajan: nanjeurkeun kadisiplinan.

“Konci ngawangun jeung ngaronjatkeun sakola mah, lintang ti nanjeurkeun disiplin, disiplin sakumna guru jeung karyawan kana tanggung jawab profesina, disiplin kana pagaweanna, disiplin kana aturan nu geus ditangtukeun,” pokna waktu ditepungan di SMA Pasundan 3  Bandung di Jalan Kebonjati 31.

Ngawangkong di rohangan gawena, Jumaah (10/11/2023), H. Wisna nyebutkeun nanjeurkeun tanggung jawab profesi, pikeun sakumna guru jeung karyawan, hiji kawajiban nu kawilang mutlak. Udaganana sangkan tujuan atikan kahontal, sarta sarkola ngahasilkeun outcome (lulusan) nu unggul, boh akademikna boh karakterna.

Baca Juga: FTBI SD SMP Jabar 2023 di Kabupaten Bandung Ciamis jeung Cimahi Pinunjul Umum

“Mun sakola swasta katangen aya kamajuan, muridna loba, sarana jeung prasarana ge pepek pisan, tandaning eta kamajuan sakola teh teu leupas tina manajemen kapamingpinan pupuhu sakola nu dirojong ku gumulungna tanggung jawab guru jeung sakumna karyawan kana tanggung jawab profesina,” pokna.

Tanggung jawab kana profesi, ceuk Haji Nena, kitu nenehna H.Wisma, , ciri guru katut karyawan, geus ngajawab pameredih masarakat: siswa didik nu dipihapekeun di ieu sakola bener-bener diipuk potensina, dibina karancageanna sangkan jadi manusa nu masagi, masagi agama jeung darigamana, manusa nu mibanda SDM unggulan.

Nyambungkeun obrolanna, Haji Nena nembrakeun kamandangna, bisana sakumna siswa didik masagi nanjeurkeun kamampuhan hirupna. Ieu luyu jeung udagan nu jadi suluk di Paguyuban Pasundan, murid teh pengkuh agamana, luhur elmuna, jembar budayana, hususna dina budaya Sunda.

“Dina emprona, ku cara ngajen kana atikan agama, kaluhuran elmu jeung budayana, nyiptakeun kapribadian siswa didik nu mibanda akhlak, pribadi nu mandiri, kreatif, temahna sakumna murid mampu nembongkeun prestasi di tingkat regional, nasional tepika di tingkat internasional,” ceuk Haji Nena.

Baca Juga: FKom Uniku Festival 2023, Maneuh Diayakeun Saban Taun, Nataharkeun Talenta Digital

Naon nu dicaritakeun ku Haji Nena, luyu jeung kamoteakaran SMA Pasundan 3 Bandung. Kiwari ieu sakola nu teu jauh ti Stasion Bandung, mingkin tembong kamajuanna boh di widang prestasi akademik boh widang non akademik. Ngalantarankeun SMA Pasundan 3 Bandung mibanda tempat di masarakat.

Patalina jeung prestasi akademik, siswa SMA Pasundan 3 Bandung loba nu ditarima di paguron luhur negeri (PTN) ggaliwatan jalur SNBP (jalur ondangan asup PTN teu testing heula), nu saratna ditalungtik tina prestasi akademik ngagunakeun raport jeung portofolio akademik. Rea deuih siswana nu asup PTN make jalur Prestasi Mandiri.

Lulusan SMA Pasundan 3 Bandung ti Jalur Prestasi Mandiri, di antarana ditarima di ITB, Unpad, UI, UGM, UIN Bandung, UIN Jakarta, Undip Semarang, IPB, jeung UPI Bandung. Loba nu ditarima dina Jalur Prestasi Mandiri lantaran SMA Pasundan 3 Bandung ngantongan sajumlah prestasi.

Prestasina teh di antarana: juara olimpiade sains bidang MIPA jeung Informatika/Komputer di tingkat propinsi jeung nasional; Juara I Tingkat Nasional Bidang Seni & Budaya; Juara I tingkat Kota & Provinsi bidang Tahfidz al Qur’an 10 Juz jeung 20 Juz; Pidato jeung Debat Bahasa Inggris; Pidato Bahasa Jepang, Karya Ilmiah jeung rea-rea deui.

Baca Juga: Lomba Literasi SD, pikeun Ngaronjatkeun Numerasi Sakola di Kabupaten Bandung

Prestasi-prestasi nu dihotal ku SMA Pasundan 3 Bandung mawa reueus ka lingkungan sakola jeung pihak Yayasan Pendidikan Dasar & Menengah (YPDM) Pasundan, Bandung. Atuh Haji Nena, leuwih ti hot-hat pisan demi ngamajukeun SMA Pasundan 3 Banndung nu dina taun ajaran 2022/2023 ayeuna, jumlah muridna ngahontal 818 urang.

Jumlah guruna, aya 52 urang lulusan linear Prodi S1 jeung S2 ti sawatara paguron luhur. Karyawanna 14 urang. Sakolana nyadiakeun bea siswa katut ngabebaskeun SPP jeung Dana Sumbangan Pendidikan ka murid nu teu mampu tapi mibanda prestasi, boh prestasi akademik boh prestasi non akademik.

Kawijakan Haji Nena nu sejenna: ngajurung dua urang guru ngarengsekeun S2, waragadna ditanggung ku sakola. “Guru dijurung terus-terusan neuleuman elmu, teu cukup di S1, S2, jeung S2, sina miluan seminar, lokakarya, pelatihan, jeung sajabana, da engke ge hasilna tangtu ditularkeun di sakola,” pokna.

Kagiatan eskul di SMA Pasundan 3 Bandung, dibagi kana dua sub program: Kahiji, Eskul Akademik, kayaning, Pramuka, Bahasa Inggris jeung Bahasa Jepang, Olimpiade MIPA, Olimpiade Astronomi, Geografi, Teknologi Informatika.

Baca Juga: Sekolah Tinggi Agama Islam Roudlotul Ulum, Udagan Paguron Luhur Islami nu Dibeungkeut Ajén Ahlakul Karimah

Kadua Eskul non Akademik, Talenta nyoko kana Paduan Suara jeung Band/Vocal Group, Teater Senapati, Fotografi, Seni Tradisi Budaya Sunda, Pencasilat, Badminton, Basket, Futsal, Sepakbola, Volly Ball jeung nu sejenna.

Taun ajaran 2023/2024, SMA Pasundan 3 Bandung, nyanghareupan Penerimaan Siswa Didil Baru (PPDB). “ Target akang 12 kelas, murid anyar kudu undak saban taun,” pokna.

Tahajud jeung Mahing 5 M

Drs. H. Wisma Lesmana Indra Sadewa, M.MP.d., M.Si., SH., PhD., nu leuwih dipiwanoh ku nenehna, Haji Nena teh, anak kolong. Gumelar ti kulawarga Junaedi, prajurit TNI, nu ngatik seuweuna ku kadisiplinan. “Pun Bapa militer nu ngalaman perang di medan juang, sikep ka budak tandes sareng disiplin, hirup kudu jujur ulah linyok ulah bohong, tingkah polah kudu nyinglar 5 M, kitu kasauranna,” pokna.

Nu dimaksud 5 M teh maling, minum, madon, madat, jeung mateni. “Akang, inget wae kana kasauran nu jadi sepuh: peupeujeuh, kudu mahing 5 M dina kahirupan sapopoe,” pokna. Alhamdulillah, ceuk Haji Nena, hirup geus sakieu kakolotanna, can pernah nyaho saumurna nu ngaranna diskotik, karaoke jeung dugem.

“Rengse gawe, Akang mah aya we di imah, babarengan jeung nu jadi bojo, ngatik barudak katut incu, boh atikan agama boh atikan darigama,” pokna. Dua seuweuna, nurut, geten neuleuman elmu agama. Atuh, nu jadi kabungah dirina, dua budakna, hasil sakolana, Ratih Sri Noviani Lesmana, lulusan Unpad, kiwari geus jadi dokter gigi.

Baca Juga: LKS SMK Nasional XXXI Surabaya, Siswa SMK  Jawa Barat Meunang Medali Emas

Nu saurang deui, Muhammad Pringadi Lesmana Putra, insinyur, lulusan ti ITB. “Bungah Akang mah, dua budak geus rumah tangga, sukses dina hirupna, taya cawadeun. Akang urang kampung bau lisung, ayeuna hirup di kota, mugia aya mangfaatna keur batur,” pokna.

Munasabah, dua seuweuna bisa ngarengsekeun sakolana tepi ka jucungna, da puguh, nu jadi bapana, Haji Nena, mere conto nu pinuji. Teu diwatesanan ku umur nu geus cueut kahareup, sawatara waktu katukang, inyana bulak-balik ka Malasyia, ngarengsekeun kuliahna tepika ngahontal gelar PhD di hiji paguron luhur. “Mere conto ka nu jadi anak incu, luang elmu mah ulah ningali umur,” pokna.

Gumelar di Majalengka, 04 Oktober 1964, kuat didikan agama Islam ti nu jadi kolotna, tepi ka kiwari saban peuting tara lesot tina shalat tahajud, beurang shalat dhuha, hirup karasa hampang, hate teu weleh cumantel ka nu Ngersakeun.

Atuh, ieu manten Kepsek SMK Pasundan 2 jeung manten Kepsek SMK Pasundan 4 Bandung, di saban tempat sakola nu kungsi dicangkingna, teu weleh dipikatineung, ku guru, karyawan katut muridna. Haji Nena, propil guru nu deukeut jeung muridna, propil pingpinan nu ngaping jeung ngajurung para guru maju dina studi jeung karirna.*** Cecep Ks

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler