Baduy Urang Kanekes Naha Enya Asalna ti Pajajaran?

- 5 Maret 2023, 10:00 WIB
Sasak di Desa Kanekes, Kabupaten lebak, Provinsi Banten. Aya nu nyebutkeun urang Kanekes atawa urang Baduy asalna ti Pajajaran (Foto Dinas Pariwisata Provinsi Banten)
Sasak di Desa Kanekes, Kabupaten lebak, Provinsi Banten. Aya nu nyebutkeun urang Kanekes atawa urang Baduy asalna ti Pajajaran (Foto Dinas Pariwisata Provinsi Banten) /Nanang S/Galura

Antropolog Belanda, Pleyte nguatkeun pamanggih urang Kanekes asalna ti Pajajaran: urang Kanekées tadina ti Pajajaran ti wewengkon Bogor kiwari. Buktina, di leuweung tutupan Kanekes aya patempatan nu dipupusti pisan nu disebut Arca Domas, sarta eu meunang diasupan ku urang luar.

Ngaran Arca Domas kapanggih  di Cikopotengah, di tutugan Gunung Pangrongo. Dianggap urut pamujaan urang Pajajaran.

Lian ti éta hal séjénna nu nguatkeunana, unggal  taun urang Kanekes maneuh ngalaksanakeun acara séba: masrahkeun hasil tatanén atawa hasil bumi ka panguasa di Sérang Banten. Jaman Kolonial Belanda, seba ogé ditujukeun ka Residén Banten, sanggeus merdéka ukur ka Lebak.

Séba, ku urang luar dihartikeun upeti, anu biasa dilaksanakeun jaman karajaan, tanda talukna  hiji wewengkon ka hiji panguasa. Kabiasan jaman Pajajaran diteruskeun, najan tempat dumukna béda jeung panguasana geus ganti.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x