Alun-Alun Sumedang Robah ti Taun 1922 sabada Ngadeg Tugu Lingga, ti Harita Lain Lapang Lega Deui

- 3 Februari 2023, 15:30 WIB
Tugu Lingga basa rek diresmikeun ku Walanda/Istimewa
Tugu Lingga basa rek diresmikeun ku Walanda/Istimewa /

  GALURA -  Awitna mah alun-alun Sumedang teh sarua jeung alun-alun jaman Walanda lianna di Tatar Jawa jeung Sunda, minangka lapang nu lega, samasakali taya aling-aling di jerona.

Ngan sabada di tengah-tengahna ngadeg wangunan tina batu nu disebut “Lingga”, alun-alun Sumedang beda jeung samemehna.

“Saatos ngadeg Lingga mah, alun-alun jarang diangge kagiatan masarakat deui,” cek Bah Aka (82), hiji budayawan Sumedang dina hiji waktu ka Galura.

Baca Juga: Wangunan jeung Banda Cagar Budaya di Sumedang, Perlu Dirumat jeung Dimumule Babarengan ku Balerea

Nurutkeun Bah Aka, samemeh ngadeg lingga, alun-alun sok dipake rupa-rupa kagiatan nu diayakeun ku Walanda atawa pamarentahan Sumedang.

Kagiatan nu ditujul ku Bah Aka, antarana wae pintongan kasenian has Sumedang. “Numutkeun pun aki mah, di tengah alun-alun teh dina waktu-waktu husus sok aya panggung keur mintonkeun kasenian. Panggungna dirope cara tipi ayeuna,” pokna.

Sajaba ti eta, osok oge diayakeun acara lomba papanahan nu diiluan ku kulawarga Raja Sumedang atawa menak Sumedang lianna nu jeneng di pamarentahan boh tingkat handap boh tingkat luhur.

Baca Juga: Talang Irigasi Titinggal Walanda di Sumedang, Dipake Keneh Meuntas ku Warga

“Tangtos wae, kapungkur mah sok diangge kagiatan resmi Walanda, alun-alun Sumedang teh,” pokna.

Ngan dina taun 1922, alun-alun Sumedang salin rupa. Eta teh sabade di tengah alun-alun diwangun lingga, nepi ka diresmikeunana ku Walanda dina taun Salasa 25 April 1922.

“Kitu tah upami teu lepat mah,” cek Bah Aka.

Baca Juga: Ka Marongge Sumedang Rea Keneh Nu Jarah, Aya nu Neangan Pelet, Angka Togel, jeung Meunang Gawe

Ari tugu lingga nu ngadeg di alun-alun Sumedang teh tangtu lain satugu-tuguna. Tuguna oge apanan diadegkeun jeung diresmikeunana oge ku pamarentahan Walanda.

Tugu Lingga nu aya di alun-alun Sumedang teh nyaeta tugu keur pangeling ka Bupati Sumedang Pangeran Suria Atmadja nu pupus di Tanah Suci Mekah nalika ngalakonan ibadah haji sareng garwa tur sawatara saderekna, ping 1 Juni 1921.

Pikeun pangeling ngeling kana yasana Pangeran Suria Atmaja nu makamna aya di Mekal Al Mukaromah, Walanda ngadegkeun Lingga di alun-alun Sumedang, tur diresmikeun ku Gupernur Jendral Mr. D. Fock, Salasa 15 April 1922.

Baca Juga: Jambatan Cilutung Jatigede Baris Diwangun Taun Ayeuna, Jangji Bupati Sumedang Dony Ahmad Munir

Acara oge diluuhan ku Residen Priangan Eyken, Bupati Sumedang Raden Tumenggung Kusumadilaga (Dalem Bintang), tur para bupati sa-Priangan.

Pangna panghormat sareng pangelingna ti Walanda rohaka naker, margi Pangeran Suria Atmaja nu kenging jujuluk Pangeran Mekah, diajen ageung jasana ka rahayat Sumedang nu katingali tina sawatara titinggalna harita.

Dina Lingga aya tulisan nu eusina muji ka nu ngantunkeun:

Baca Juga: Lalakon Bioskop Pasifik Sumedang nu Kiwari Jadi Tempat Usaha, Sajarahna Lain Lalawora

Pangabakti ka suwargina Pangeran Suria Atmadja, Bupati Sumedang, 1883-1919. Dilahirkeun di Sumedang ping 11-1-1851, Wapat di Mekah pin 1 Juni 1921.

Tawis kahormatan ka hiji menak nu adil, wening sarta luhung sampurna.

Urang sadaya sami tunggal kawulaning Allah. Saasal satedak keneh. Upama dikapalaan ku nu pangsampurnana, nu wening manah, linuhung, ayem tengtrem sanagara.”

Cag!***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x