Maluruh Datangna Urang Tionghoa ka Nusantara, Alatan Ngadagoan Angin Loba nu Terus Bumetah di Nusantara

- 26 Januari 2023, 13:00 WIB
Masjid Pacinan Tinggi, salahsahiji cagar budaya di Serang, Provinsi Banten, dibangun Syarif Hidayatullah atawa Sunan Gunung Djati.*
Masjid Pacinan Tinggi, salahsahiji cagar budaya di Serang, Provinsi Banten, dibangun Syarif Hidayatullah atawa Sunan Gunung Djati.* /

GALURA -Urang Tionghoa daratang ka Nusantara geus lila pisan, geus ti jaman samemeh masehi. Malah bisa jadi ti saprak jalur sutra nu nepungkeun dataran Tionghoa jeung Timur Tengah.

Nusantara saenyana lain tujuan utama urang Tionghoa (urang China) dina neangan tempat bubuarana.

Ku sabab Nusantara tempat strategis dina jalur niaga internasional jeung ngahasilkan komoditi nu pada mikabutuh jeung pada neangan, ahirna urang Tionghoa daratang ka Nusantara sarta tuluy bumen-bumen.

Hubungan dagang antara Tiongkok (China) jeung Nusantara geus lila pisan. Bukti-bukti arkeolog jeung filologi nu kapanggih di Tiongkok nembongkeun urang Tionghoa geus wanoheun ka Nusantara ti jaman Samemeh Masehi (Sebelum Masehi, SM).

Kecap Nusantara kapanggih dina kronik Dinasti Han jaman pamarentahan Kaisar Wang Min.

Baca Juga: Patilasan Eyang Dalem Arya Kancana di Cibangban Desa Bunter Aya Patalina jeung Prabu Niskala Wastukancana

Kaisar Wang Win nyekel pamarentahan dina periode 6-1 taun SM. Ku urang Tiongkok harita, Nusantara disebutan Huang Tse.

Catetan ti Dinasti Han ngajentrekeun hubungan resmi antara Tiongkok jeung Jawadwipa (Jawa) geus ti taun 131 SM. Dinasti Han nyekel kakawasaan di Tiongkok kawilang lila.

Gede kamungkinan urang Tionghoa wanoheun ka Nusantara sarta ngayakeun hubungan resmi jeung panguasa di Nusantara jauh samemeh jaman Dinasti Han.

Di Sumatera Selatan kapanggih tambur (genderang) perunggu nu asalna Yunnan, Tiongkok Barat Daya, titinggal arkeolog nu geus lawas pisan.

Baca Juga: Prasasti Geger Hanjuang Cenah mah Meunang Nyieun KF Holle

Pangaruh angin
Kaaayan angin oge mangaruhan urang Tionghoa loba nu daratang ka Nusantara.

Jaman harita, balayar di laut estu ngandelkeun angin, boh miangna boh balikna, ka arah mana angin ngahiukna.

Urang Tionghoa tas lalayaran dina rek baralik deui kudu ngadagoan angin nu ngalantarankeun kapalna bisa balayar ka nagarana.

Di Nusantara, urang Tionghoa kudu ngadagoan arah angin ka lebah nagarana. Ngadagoanana teh lilana 6 bulan.

Baca Juga: Wangsit Siliwangi

Sabot ngadagoan teh urang Tionghoa bisa wawanohan jeung bangsa pribumi atawa jeung urang asing nu geus lila tumetep di Nusantara. Salian ti eta neangan informasi sangkan leuwih mikawanoh kaayaan tempat sabot ngadagoan angin.

Urang Tionghoa teh jadi betaheun, komo mun meunang jodona mah. Kaayaan Nusantara leuwih aman, dibandingkeun jeung di nagarana nu mindeng kajadian perang jeung musibat alam.

Nusantara leuwih subur dibandingkeun jeung nagarana. Ahirna urang Tionghoa teh loba nu teu baralik deui ka nagarana, bumetah di Nusantara.

Mimitina mah urang Tionghoa daratangna ka Nusantara teh lalaki wungkul. Bisa wae masih tacan kawin, bisa deuih henteu mawa pamajikan jeung anak-anakna, mun geus rumah tangga, henteu dibawa.

Baca Juga: Gedong Bioskop Pasifik jeung Genjlong Pulitik di Sumedang, Sajarah Heubeul Kota Tahu

Barabe kudu mawa pamajikan jeung anak mah lantaran balayarna mulan-malen jeung gede resikona, lain ukur ombakna nu badag tapi loba keneh bajo (bajak laut).

Loba nu balayarna lain rek dagang tapi rek neangan pagawean. Nu matak urang Tionghoa loba nu digawe jadi kuli kontrak, buruh, tukang macul, jeung sajabana, kaasup di pertamabangan.

Loba nu saterusna karawin ka urang pribumi atawa ka wanoja bangsa sejen nu geus tumetep di tempat urang Tionghoa bubuara.

Ka sakuliah dunya
Urang Tionghoa lain ukur ka Nusantara ngarongheapna teh, tapi ka sakuliah dunya, babakuna ka nagara-nagara nu sakira bisa leuwih raharja batan di nagarana sorangan.

Urang Tionghoa loba nu malencar babakuna dina abad ka-15. Kaayaan dataran Tiongoa harita mindeng kajadian peperangan sarta gantina dinasti nu ngawasa Tiongkok.

Baca Juga: Barang tina Anyaman, Ngurangan Wadah Plastik jeung Stropon nu Bahanna Matak Keumeuh Lingkungan

Seunggah hirup di nagara sorangan nu kaayaanana saperti kitu, ditambah ku mindengna kajadian bencana alam, urang Tionghoa loba nu luas ninggalkeun nagara, najan ceuk babasan ukur mawa baju saraket awak.

Estu modalna nekad, batan hirup di nagara nu teu weleh hariwang jeung diudag-udag kasieun sarta teu jongjon usaha.

Urang Tionghoa parindah ka Asia, Afrika, Eropa, Amerika, jeung Australia. Di Amerika nu dijarugjugna teh Califonia. Di ditu urang Tionghoa diperelukeun pisan keur ngabangun jalan kareta api jeung keur buruh pertambangan.

Ku Amerika kapake pisan. Urang Tionghoa buruhna murah, ulet, teu ceehan, nurut, tara baha ka dunungan.

Baca Juga: Sampyong Seni Tarung nu Mimiti Mekar di Desa Baribis Majalengka, Ceuk Tb Hasanuddin, Perlu Regenerasi

Jadi padagang
Ti jaman kolonial Walanda, urang Tionghoa lolobana jadi padagang atawa bisnis. Naha? Alatanana ku Walanda urang Tionghoa teu meunang mibanda tanah jeung teu meunang jadi pagawe nagara.

Nu matak, teu kawas bangsa Walanda jeung bangsa Eropah, urang Tionghoa mah taya nu bogaeun perkebunan jeung euweuh nu jadi birokrat.

Tina kituna, urang Tionghoa leuwih museur kana dagang nu henteu dilarang jeung diempekkeun ku Walanda. Jaman Walanda, niaga atawa bisnis, 35,4 % dikawasa ku urang Tionghoa.

Tepi ka ayeuna urang Tionghoa kaceluk ahli dagang, ahli bisnis, ahli usaha. Pausahaan-pausahaan badag lolobana anu bogana urang Tionghoa.

Saenyana urang Tionghoa nu henteu barisnis oge loba. Aya nu jadi patani, tukang macul, tukang tembok, tukang bas, tukang sol sapatu, malah tukang beca oge aya.

Di Kadipaten, Majalengka, di Cirebon, di Karawang, loba nu pacabakanana kawas pribumi. Nu jadi dosen, pangacara, ustadz, oge henteu saeutik.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah