Patilasan di Cibangban Desa Bunter Kabupaten Ciamis Aya Patalina jeung Prabu Niskala Wastukancana

13 Januari 2024, 08:00 WIB
Darto Pujarsono, kuncen patilasan Dalem Eyang Arya Kancana di Kampung Cibangban Desa Bunter Kecamatan Sukadana Kabupaten Ciamis. /Nanang S/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Di Kampung Cibangban, Desa Bunter, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis loba titinggal sejarah. Gede kamungkinan tokoh-tokohna Sajaman jeung Prabu Niskala Wastu Kancana.

Salasahiji situs budaya di Kampung Cibangban, Desa Bunter, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis, oge aya situs patilasan Eyang Dalem Arya Kancana. Pernahna kiduleun situs Pecat Dudukuy, kurang sakilometeran. Paeunteung-eunteung jeung masjid jami Kampung Cibangban.

Situs Dalem Arya Kancana, kencaeun jalan kabupaten Gardu – Cisaga mun holna ti kaler mah. Pernah di ponclot pasir, di sisi jalan aya gapuraan. Jalan ngajugjug ka ponclot nanjakna netek, ditangga-tangga, aya kana 60 tangga. Tadina mah ukur dibatu. Ku pokalna Yadi Haryadi, kepala dusun Cibangban, tanggana ditembok.

Baca Juga: Karajaan Galuh Lolobana Disabit  dina Dongeng jeung Babad

Darto Pujarsono, kuncen, nyebutkeun Eyang Dalem Arya Kancana disebut oge Arya Suryakancana. Di patilasanana nu lega sagemblengna dua hektaran, aya tilu makam. Nu pangluhurna mah hiji, makam Dalem Arya Kancana, dua deui rada handap makam pangiringna nu teu dipiwanoh ngaranna.

Jujutan Arya Kancana

Saha ari Eyang Dalem Arya Kancana teh? “Anjeunna saur sakaol mah kawitna ti Solo, ti Mataram, dongkap ka dieu nyebarkeun agama Islam,” ceuk Darto Pujarsono, nu leuwih dipiwanoh ku julukanana: Bah Ujul.  Dalem Arya Kancana teh pajabat di Pulo Jawa nu gede pangaruhna nu ngahaja dikirim ka wewengkon Cibangban.

Eyang Dalem Arya Kancana oge ngawanohkeun sistim pamarentahan. Memeh aya Dalem Arya Kancana mah taya pamarentahan nu ngatur hirup kumbuhna masarakat. “Anu darongkap ka dieu sanes mung Eyang Dalem Arya Kancana, tapi oge nu sanesna,” ceuk Bah Ujul nu ngadongeng memeh miang ka Patilasan Eyang Dalem Arya Kancana.

Baca Juga: Situs Pasir Pantun di Desa Ciparigi, Kabupaten Ciamis, Pamali Nanggap Wayang

Tokoh sejenna nu daratang ka Cibangban teh: Panita Nawang Wulan, julukan keur Sultan Bahar ti Cirebon; Panita Manantura atawa Sultan Hasanudin ti Banten, jeung; Panita Malikul Hakim, julukan keur Sanggawulung nu asalna ti Solo. Kecap panita teh ceuk Abah Ujul, gelar keur luhung elmu kabatinana.

Ngeunaan eta tokoh-tokoh, kaasup Eyang Dalem Arya Kancana, ukur sakitu-kituna, tacan kakoreh saha-sahana jeung jujutanana. Ngan patokan keur maluruhna atawa ngira-ngirana mah aya katerangan taun nu ditepikeun ku akina Bah Ujul. Akina Bah Ujul teh ngaranna Sukatmi Natadiharja nu dijulukan Aki Gandeng atawa Ayah Kapit.

“Pun aki tilar taun 1995,” ceuk Abah Ujul. Keur aya keneh dikieuna, akina mindeng ngobrol soal patilasan nu aya di Cibangban. Ceuk akina teh, kabeh patilasan di Cibangban geus aya ti taun 1370 Masehi, malah aya patalina jeung Galuh nu puseur karajaanana di Kawali. Cibangban ka Kawali anggangna aya kana 16 kilometer.

Prabu Niskala Wastu Kancana

Dumasar babon sejarah Galuh, tepi ka taun 1370 anu jadi raja di Kawali teh Prabu Bunisora, nu nyuluran alona lantaran waktu lanceukna, Prabu Linggabuana, tilar di Bubat Majapahit, alona masih keneh budak, can meujeuhna jadi raja. Niskala Wastu Kancana diistrenan jadi raja taun 1371 Masehi sarta jadi  raja tepi ka taun 1475 Masehi.

Baca Juga: Prabu Nusia Mulya Dua Welas Taun Mertahankeun Pakuan Pajajaran

Dipatalikeun jeung ngaran patilasan Eyang Dalem Arya Kancana bisa jadi Niskala Wastu Kancana samemeh diistrenan jadi raja kungsi ngalanglang wewengkon Cibangban. Kawasna Cibangban jeung sabudeureunana mibanda kaistimewaan, paling henteu tempat dumuk paraahli dina widang paelmuan jaman harita.

Eyang Dalem Kancana teh ngaran tokoh nu ngaruju ka Niskala Wastu Kancana. Teu beda jeung patilasan di Nusa Gede di Situ Lengkong Panjalu, di dinya aya makam atawa patilasan Hariang Kancana. Aya sajarawan nu nyebutkeun bisa jadi Hariang Kancana teh taya lian ti Prabu Niskala Wastu Kancana.

Dina naskah Carita Parahyangan (CP), disebutkeun Prabu Nisakala Wastu Kancana dipusarakeun atawa dikurebkeun di Nusa Larang, nusa hartina pulo. Anu leuwih nguatkeunana, di Desa Ciomas, aya patilasan nu disebut Geger Omas. Prabu Bunisora mindeng nyepi dinya, tilar jeung dipusarakeun di Geger Omas.

Kumaha ngaran tokoh sejen nu bisa disebutkeun jaman beh dieu? Banten jeung Mataram kungsi parebut pangaruh di Priangan jeung di Cirebon. Banten mah apan tepi ka ngarecah Kasultanan  Cirebon jadi tilu: Kasepuhan, Kanoman, jeung Kacirebonan, sabab tadina pangaruh Mataram di Cirebon kuat pisan.

Baca Juga: Karamat Talun Kabupaten Cirebon Patilasan Pangeran Cakrabuana Mbah Kuwu Sangkan

Di sababaraha wewengkon aya patilasan nu dipatalikeun jeung Banten katut Mataram. Gede kamungkinan Nawang Wulan teh utusan Cirebon. Manantura utusan ti Banten, Malikul Hakim utusan ti Mataram. Eyang Dalem Arya Kancana lain utusan ti Solo, tapi ngaruju ka Prabu Niskala Wastu Kancana.

Titincakan dugaan patilasan atawa situs Eyang Dalem Kancana raket patalina jeung Kawali, jeung Prabu Wastukana aya dua: Ngaran Dalem Kancana jeung katerangan Ayah Kapit suwargi nu nyebutkeun sakur patilasan di Cibangban titinggal taun 1370 Masehi, dina taun sakitu sajaman jeung Prabu Wastukancana najan tacan jadi raja.

Tacan Diangkeun Situ Sejarah

Situs nu aya di Cibangban, Desa Bunter, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis, tacan aya nu diplangan Cagar Budaya. Hartina tacan diregistrasi ku Balai Pemeliharaan Cagar Budaya (BPCB) Serang Banten. Padahal eta teh penting pisan ngarah patilasan taya nu ngagunasika, taya nu ngaruksak, jeung ngarah dirumat.  

Kepala Kampung Cibangban, Yadi Haryadi, ngaenyakeun patilasan di Cibangban tacan dicatet ku BPCB Serang. “Insya Alloh saenggalna diusulkeun,” pokna waktu ditepungan di padumukanana di Cibangban sawatara waktu ka tukang. Kungsi cenah BPCB Serang menta datana, sarta bakal dilongok, ngan tacan dikirimkeun.

Baca Juga: Salasahiji Keris Gagaman Pangeran Diponegoro, Keris Naga Siluman

Di Cibangban nu bisa ditetepkeun jadi cagar budaya  teh aya opat tempat: Situs Pecat Dudukuy, Situs Eyang Dalem Kencana, Leuweung Gede jeung Situs Titinggal. Leuweung gede mah kaliwatan mun rek ngajugjug imah 8, lembur nu kurilingan ku leuweung (tingali Galura II September 2020, kaca 01). Ari Situs Titinggal tonggoheun imah 8.

Diregistrasina situs di Cibangban diperlukeun lantaran Cibangban rek dikembangkeun wisata alam jeung religi. Wisata alamna: hiking, off road, jeung trabas, di sabudeureun leuweung jati bogana Perhutani. Imah 8 jadi sentralna. “Malih mah, unggal sasih Mulud digelar ritual meresihan situs Pecat Dudukuy sareng situs Eyang Dalem Arya Kancana,” ceuk Yadi.

Ritual bulan Mulud taun ayeuna, bakal dienyakeun, bakal leuwih daria. Bisa jadi aya tambahan kamonesan sejenna keur mincut wisatawan. Biasana dilaksanakeun Senen Kaliwon atawa Kemis Kaliwon. “Mung taun ayeuna mah rupina dina dinten Kemis Kaliwon,” ceuk Darto Pujarsono, kuncen Situs Pecat Dudukuy.

Bisa jadi bakal dipagelarkeun tunil atawa sandiwara. “Di Cibangban kantos aya grup tunil,” ceuk Yadi. Pamaenna oge aya keneh jeung masih jaragjag, bisa dipenta nembongkeun kamaheranana dina ngamaenkeun peran tokoh. Ngeunaan naon lalakonna bisa dibadamikeun, bisa jadi nu aya patilana jeung kaayaan Cibangban.***

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler