Resto Kampoeng Banyumili, Kampung Rasa Sunda di Tanah Jawa

- 8 Desember 2023, 15:39 WIB
Kampoeng Banyumili di Kota Salatiga, Jawa Tengah, konsep Kampung Sunda.
Kampoeng Banyumili di Kota Salatiga, Jawa Tengah, konsep Kampung Sunda. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -“Sapertos di Sunda,” ceuk Yunita warga Semarang, Jawa Tengah nu kungsi laha-loho ka resto Kampoeng Banyumili nu pernahna di tapel wates Kabupaten Semarang jeung Kota Salatiga. Yunita nu kungsi lila cicing Bandung nyebutkan nuansa Sunda sacara fisik katempo tina bangunanana mangrupa saung sarta diadegkeun di luhur balong.

Saung luhureun balong memang ciri has resto di Tatar Sunda, saperti Kampung Sampireun di Kabupatén Garut. Warung sangu di sisi jalan antara Nagreg jeung Limbangan oge aya balongan, ngeuyeubang pamandangan pasawahan nu lebah beuki ngurangan lantaran lahanna dipake bangunan.

Kampoeng Banyumili oge mirip jeung resto-resto di Tatar Sunda, babakuna nu aya di sisi kota. Saung-saungna diadegkeun di sisi balong, sarta nyanghareupan pasawahan. Ditambah deui najan paimahan di sabudeureunana padet, tapi hawana tiis lantaran teu jauh ti tutugan Gunung Merbabu sarta sabudeureunana pasir pating arenclo.

Baca Juga: Bumi Perkemahan Andes jeung Kalang Pamidangan, Ikon Desa Cilame, Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung

“Inspirasina ti Bandung sareng Bogor,” ceuk Atika Arisanti, owner Kampoeng Banyumili. Atikan lila di Bandung jeung di Bogor. “Janten kapangaruhan ku rasa sanaos teu tiasa nyarios bahasa Sunda, sesah,” pokna deui.

Atika tamat SMA di Salatiga taun 1993 ngumbara ka Bandung. “Abdi kuliah di Fakultas Ilmu Komunikasi (Fikom) Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung, jurusan Public Relation (PR),” pokna. Di Bandung meunang jodo , mahasiswa ITB nu papada ti Salatiga, kuliahna Tehnik Kimia angkatan 1989

Satahun sanggeus lulus, Oktober 1999 Atikah ka panghulu sarta dibawa ngumbara ka Kota Bogor. Sababaraha lilana dumuk di Sentul City, suamina, Dwi Sutoro, mulang ka banjar pamidanganana lantaran ditarima di salasahiji pausahaan alatiga. Atuh Atika oge mulang ka sarakanana.

Inspirasi ti Sunda

Kaayaan tempat padumukanana di Desa Gedangan, Kecamatan Tuntang, Kabupaten Semarang, desa nu ngatapel wates jeung Kota Salatiga, teu jauh bedana jeung di Priangan: cai cur-cor, sawah, pasir, malag bisa disebutkeun pernahna di tutugan gunung, Gunung Merbabu.

Baca Juga: Bupati Bandung Rembug Bedas di Tilu Desa Masrahkeun Bantuan keur Nganggeuskeun Lapang jeung keur Ambulan

“Ti dieu mucunghul ide ngabangun resto nu nuansana alam,” ceuk Atika. Luyu jeung kaayaan tempatna, restona dingaranan Kampoeng Banyumili. “Kampung tiasa dihartoskeun wewengkon, banyu hartosna cai, mili
hartosna ngalir,” pokna deui.

Kampoeng Banyumili hartina wewengkon nu aya sumber kahirupan, cai, nu terus ngalir.. Kampoeng Banyumili oge ceuk Atika ngandung filosofis. “Kampoeng Banyumili teh sumber kahirupan nu teras ngalir mangpaatna,” pokna,

Mangpaat di dieu lain ukur dirina jeung keur karyawan di Kampoeng Banyumili, tapi oge keur masarakat sabudereunana jeung keur alam lingkungan. Atika nu oge lanceuk misan pupuhu pasantren Edi Mancoro nyebutkeun di kampung, bisnis teu bisa murni bisnis.

“Ajen nu mucunghul, lain sakadar ukuran materi, tapi oge silaturahmi, sareng lingkungan, masarakat, supplier, vendor, tamu, sareng sajabina,” pokna. Tina kituna Kampoeng Banyumili ditarekahan sangkan ngahiji jeung lingkungan sabudeureunana, kaasup jeung pasantren.

Hiji-hijina di Jawa Tengah

Bisa jadi Kampoeng Banyumili teh hiji-hijina resto di Kabupaten Semarang jeung di Kota Salatiga, malah di Provinsi Jawa Tengah, nu ngahiji jeung lingkungan pesantren.

Masjid representatif dibangun di sisi lawang asup ka resto Kampoeng Banyumili. Teu aneh tamu ngarasakeun lain ukur sausana padesaan tapi oge dangiang pesantren.

“Sahinasna kaunggulan Kampoeng Banyumili teh,” ceukAtika. Kampoeng Banyumili legana aya kana lima hektar. Salain resto, Kampoeng Banyumili nyediakeun tempat keur outbond.

Atika nyebutkeun dina mekarkeun jeung ngokolakeun Kampoeng Banyumili cecekalanana tina kana filosofi cai: sumber kahirupan. Atika najan dumuk di tanah Jawa mampu ngawujudkeun ajen-inajen kaarifan lokal Sunda ngeunaan cai jeung lingkungan.***

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x