Rakit di Walungan CI Jolang, Kiwari Tinggal Panineungan

- 11 Februari 2023, 19:30 WIB
Warga  numpak rakit basa meuntas  walungan CI Jolang , di tapel wates Kuningan-Ciamis. Rakit di walungan CI Jolang Kiwari tinggal panineungan.*
Warga numpak rakit basa meuntas walungan CI Jolang , di tapel wates Kuningan-Ciamis. Rakit di walungan CI Jolang Kiwari tinggal panineungan.* /AJUN MAHRUDIN/

GALURA-Dusun Bojong, Desa Bangunjaya, Kecamatan Subang, Kabupaten Kuningan, mangrupakeun salah sahiji pilemburan nu aya di tapel wates Kabupaten Kuningan jeung Kabupaten Ciamis.

Lamun dijugjug ti puseur kota Kabupaten Kuningan, anggangna teh kurang leuwih puluhan kilometer.

Demi nu tapel wates dua daerah kabupaten, nyaeta walungan CI Jolang nu misahkeun Dusun Bojong, Desa Bangunjaya, Kecamatan Subang, Kabupaten Kuningan jeung Desa Jangalaharja, Kabupaten Ciamis.

 Baca Juga: Ngawanohkeun Deui Batik Kuningan, Ika : Batik Kuningan Masih Keneh Aya

Ti Dusun Bojong Desa Bangunjaya, Kecamatan Subang, Kabupaten Kuningan ka Desa Jangalaharja, Kecamatan Rancah, Kabupaten Ciamis teh saenyana deukeut, kurang leuwih sakilo meter.

Sanajan kitu, urang Dusun Bojong, Desa Bangunjaya, Kecamatan Subang, Kabupaten Kuningan baheula mah sok ngarasa wegah lamun rek ka Desa Jangalaharja, Kecamatan Rancah, Kabupaten Kuningan.

Teu rek kitu kumaha, ku sabab lalampahan ti Dusun Bojong ka Desa Jangalaharja kudu meuntas walungan Ci Jolang nu tampa sasak pikeun pameuntasan.

Baca Juga: Papalidan di Walungan Citanggulun, Lukman : Pikeun Malidkeun Kabingung

Meuntas eta walungan teh make rakit, da tacan aya sasak nu nepungkeun dua wilayah kabupaten.

Lamun keur caah dengdeng, urang dinya tara wani meuntas najan make rakit.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x