Pesona Taman Puspa jeung Kampung Ciherang, Dua Tempat Wisata Instagramable di Tanjungsari, Sumedang

- 4 Februari 2023, 14:30 WIB
Tempat wisata alam Kampung Ciherang Tanjungsari.
Tempat wisata alam Kampung Ciherang Tanjungsari. /Instagram/@ubech91/

GALURA - Pesona Taman Puspa jeung Kampung Ciherang, kitu katelah dua tempat wisata di Kacamatan Tanjungsari, Sumedang, Jawa Barat teh.

Pesona Taman Puspa jeung Kampung Ciherang teh minangka wisata alam nu ngadeg ku kamotekaran nu ngokolakeunana.

Samemehna, tempat nu ayeuna jadi Pesona Paman Puspa jeung Kampung Ciherang, ngan ukur mangrupa leuweung atawa kebon wungkul, anu kabawah ku PT Perhutani.

Baca Juga: Kawah Putih di Gunung Patuha Kungsi Dianggap Puseur Karajaan Jin, Ayeuna Jadi Destinasi Wisata Unggulan.

Sabada diropea kalawan daria antukna ngajangelek jadi tempat wisata alam nu endah, matak betah jeung instagramable kacida.

Tapi ngajangelekna jadi tempat wisata nu endah kawas ayeuna teh teu sakaligus alias nungtut.

Naon wae kaunggulan Peson Taman Puspa jeung Kampung Ciherang?

Baca Juga: Ngojay di Sirah Cai Cimincul Subang, Caina Canembrang Herang, Matak Poho Hanjat jeung Mulang, Wisata Murah

Pesona Taman Puspa

Nurutkeun catetan, ieu tempat wisata kaasup anyar ngadegna di Tanjungsari. 

Ngan sok sanajan anyar keneh, ieu tempat wisata nu perenahna di Dusun Sukaratu Desa Cijambu, Kecamatan Tanjungsari Kabupaten Sumedang geus pada ngadeugdeug.

Malum, tuda rea nu geus daratang mosting tempat wisatana, nepi ka ahirna rea  nu panasaran.

Baca Juga: Rekomendasi 2 Tempat Wisata di Bogor, Ngopi di Sawah, Kukudaan di Gunung Mas, Healing keur Kulawarga

Anapon nu "dijual" di ieu tempat nu legana kurang leuwih 6 hektar teh alam kampung nu masih keneh asri.

Sajero aya di Peson Taman Puspa, urang bisa leumpang bari milangan tangkal pines nu rajeg, atawa ulin dina susukan atawa walungan nu caina canembrang herang.

Lian ti eta, bisa nitetan rupaning kekembangan has leuweung, nu ngahaja disadiakeun.

Baca Juga: Rekoméndasi Piknik ka 'Hidden Gem' Anyar di Bogor, Tempat Wisata Endah Tur 'Instagramable', Pikabetaheun!

 

Kampung Ciherang

Ngadeg kira taun 2016, Kampung Ciherang di wilayah Desa Cijambu nu disebut wanawisata teh kiwari kaasup tempat wisata nu kajojo.

Eta hal katingali tina jumlah wisatawan nu datang, babakuna dina poe pere cara Minggu atau poe pere lianna.

 

Di ieu tempat aya sawatara fasilitas jeung wahana wisata nu matak betak nu terus nambahan ti waktu ka waktu.

Baca Juga: Ningali jeung Dipoto Latar Kembang Sakura Teu Kudu ka Jepang, di Bogor Gé Aya, Rékomendasi Wisata Peré Imlék

Upamana wae walungan deet nu caina langsung ti gunung. Sajaba ti bisa heureuy cai nu masih herang ngagenyas, oge bisa ngintip lauk asli walungan model impun jeung tampele.

Malar nu nyungsi betah, aya oge rupaning wahana nu sipatna keung uji nyali jeung ngagederkeun adrenalin.

Eta wahana, sajaba ti keur dewasa atawa kolot, aya oge wahana keur barudak.

Baca Juga: Wisata Kuliner Bogor, Jajaneun Angkringan Murah jeung Rupaning Takoyaki, Istimewa, Vibes Jogja Pisan!

Catetan sejen, boh Pesona Taman Puspa boh Kampung Ciherang, nyadiakeun spot nu merenah keur popotoan jeung instagramable. ***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x