Ngalanglang Raksa Bumi di Kecamatan Kawali, Kabupaten Ciamis; Riksa jeung Jaga Alam

17 Juli 2023, 10:00 WIB
Pasir Raksa Bumi di Lembur Cikangkung, Desa Sindangsari, Kecamatan Kawali, Kabupaten Ciamis, tadina, jaman Karajaan Galuh, kabuyutan. /Nanang /Galura

GALURA.CO.ID -Pasir Raksa Bumi di Lembur Cikangkung, Desa Sindangsari, Kecamatan Kawali, Kabupaten Ciamis, tadina, jaman Karajaan Galuh, kabuyutan. Tempat ngariungna tokoh-tokoh nu geus masagi   pangaweruh  jeung batinna. Dangiangna masih karasa kuat keneh.

Anjog ka tutugan Pasir Raksa Bumi di Cikangkung, Desa Sindangsari, Kecamatan Kawali, Kabupaten Cia­mis, teh  pabeubeurang. Motor ditunda di sisi jalan beulah kenca, paeunteung-eunteung jeung gapura nu aya tulisanan “Wilujeng Sumping di Makam Raksa Bumi Kawali Ciamis”. Tihang gapurana dipapaesanan ku janur.

Sabaraha taun ka tukang jalan nu ngajujug ponclot Pasir Raksa Bumi, kurang leuwih tilu kilometer ti puseur dayeuh Kecamatan Kawali, ti puseur dayeuh Kabupaten Ciamis kira-kira 17 kiometer,  ukur satapak jeung masih keneh taneuh ayeuna mah geus ditembok beton. Arula-ileu nanjak, katuhueunana parigi leutik, ari kencaeunana mah pakebonan. Ti lebah gapura tepi ka wates jalan nu ditangga-tangga diuhan ku rungkun awi jeung gombong. Rarembet.

Baca Juga: Karamat Gunung Cupu di Desa Nagarajaya Kecamatan Panawangan Kabupaten Ciamis

Jalan nu ditangga-tangga mah ukur sisina jeung tanggana nu geus ditembok teh, tengahna mah masih keneh taneuh. Beuki nanjak jeung pungkal-pengkol. Beak jalan tangga, nu mimiti katempo teh WC nu dibangun permanen, tonggoheun­ana musola nu bentukna panggung. Ti dinya mah breh padataran nu taringgul ku batu.

Lebakeun padataran saung rada badag, haneuteun ku nu marasak. Sababaraha urang, nonoman, dewasa jeung nu geus baroga umur, dariuk dina batu. Beulah tonggohna, hareupeun, rada beulah gigir, cungkup, dina amparan karpet hejo, loba nu keur ngariung, ngalobrol. Sabaraha urang deui keur ngilikan kaayaan.

Galura ngalengo ka jero cungkup, aya dua makam nu dikulambuan, warna hejo. Hiji di antarana dianggap makam atawa kuburan Eyang Raksa Bumi. Lantena geus dikeramik, ku keramik bodas nu aya garis-garis soklat. Kaayaan sabudeureunana harieum ku kakayon. Tukangeun cungkup, kira-kira 50 meter, batu lingga nangtung, kira 30 senti jangkungna.

“Dibandingkeun sareng di tempat sanes, raoseun di dieu,” ceuk Rudi, nu make pakean sarwa hideung, baju koko jeung samping waktu diajak ngawangkong ku Galura. Rudi nu asalna ti Randegan Banjar Patroman, kawilang mindeng laha-loho ka Raksa Bumi. Harita ka Raksa Bumi bareng jeung sababaraha urang nu pada-pada resep jaroh ka tempat-tempat karuhun, make mobil pribadi.

Baca Juga: Manislor Desa Siaga Bencana

Rudi nyebutkeun dangiangna atawa aurana masih keneh karasa pisan. “Anu gampil karaos mah alam sareng lingkunganana masih keneh weuteuh, henteu digunasika,” pokna. Keur dirina mah betah cenah aya di ponclot pasir Raksa Bumi teh, ayem, tengtrem. “Duka kanggo nu sanes mah, namung da leresan dieu mah tangtos sarasa, “ ceuk Rudi deui.

Kadenge sora adzan, adzan asar, ti lembur lebakeun Pasir Raksa Bumi, ti Cikangkung. Ngabandungan heula nu adzan. “Sepuh atanapi karuhun urang kapungkur teu dapon milih tempat kanggo olah batin teh,” ceuk Rudi sanggeus adzan rengse. Ceuk Rudi mah, Pasir Raksa Bumi asalna kabuyutan, jaman Karajaan Galuh, malah jauh geus aya samemeh ngadeg Karajaan Galuh.

Tempat anu dipilih keur kabuyutan henteu samanea, paling henteu tina jihad geografina: leuwih luhur batan padumukan, jeung nu jadi bahan tinimbanganana nu tadi: dangiangna. “Raksa Bumi tempatna luhur, kaayaan alamna, kaayaan lingkunganana tenang, matak husu dina ngadeukeutkeun diri jeung Pangeran,” ceuk Rudi.

Dangiang tempat, ceuk Rudi, lain ukur dipangaruhan ku fisikna atawa kaayaan alamna, tapi oge dipangaruhan ku nu tadina nyicinganana. Beuki masagi batinna, beuki hade luhung elmu panemuna, beuki beuki kajaga tekad, ucap jeung lampah, dangiang tempatna oge beuki nambahan. Bakal manjang najan nu nyicinganana geus tilar oge.

Baca Juga: Situs Karangkamulyan Ciamis; Cagar Budaya, Tempat Sakral jeung Objek Wisata

“Supados dangiangna tetep aya, nu neraskeun ngarumat tempatna kedah leres-leres dijagi. Sanes mung ukur alam katut lingkungan­ana, tapi oge tekad ucap sareng lampah nu neraskeunana kudu leres-leres dijagi,” ceuk Rudi. Mun teu kitu dangiang patempatan bakal ilang. “Komo upami tempatna tos dikomersilkeun mah,” sambung Rudi.

Rudi nyebutkeun alam jeung lingkungan teh mangaruhan kana ka nu nyicinganana. Alam jeung lingkungan kapiara, urang bakal leuwih deukeut ka Maha Pencipta. Bakal leuwih kandel spiritualna. “Nu mawi kitu kahartos upami nu nuju meuseuh sareng ngasih batin sering  cicing di pagunungan, di tempat-tempat anu teu acan kagiridig,” pokna.

Anu ditepikeun ku Rudi, ku nu miara situs Pasir Raksa Bumi, ku Yanyan anu leuwih dipiwanoh ku julukanana: Kang Suba, ti barang kagugah ngarumat Raksa Bumi oge tujuanana lian ti sangkan inget kana jasa-jasa luluhur di dinya, oge udaganana pikeun miara jeung ngarumat alam sangkan urang leuwih husu dina ibadah. ***  

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler