Lolongok ka Museum Galeri Wayang Purwakarta, Aya Wayang Golek jeung Kulit, Kumplit jeung Gamelanna

26 Januari 2023, 14:15 WIB
Galeri Wayang Purwakarta/Galura/Dok Aam Permana S /

GALURA -  Kabupaten Purwakarta mibanda sawatara tempat nu merenah pikeun disungsi ku anu resep kana seni budaya.

Hiji antarana, Galeri Wayang atawa musieum wayang, nu perenahna di komplek kantor Pemkab Purwakarta.

Sakumaha anu ditingali, Galeri Wayang memang can pati kumplit.

Baca Juga: Maluruh Datangna Urang Tionghoa ka Nusantara, Alatan Ngadagoan Angin Loba nu Terus Bumetah di Nusantara

Najan kitu, musieum teh geus bisa ngagambarkeun beungharna lemah cai ku seni budaya nu disebut wayang.

Museumna oge geus bisa ngalantarankeun pangaweruh nu nyungsina ngeunaan wayang, nambahan.

Enya, apan di jerona rea koleksi wayang jeung nu aya patalina jeung wayang nu disimpen di ieu musieum. Antarana wae, ratusan wayang golek nu jinis jeung ukuranna beda-beda, kumplit jeung gamelanana.

Baca Juga: Ngokolakeun Cau Nangka, Bisa Dijieun-jieun Rupa-rupa Kadaharan

Cenah, eta koleksi wayang golek sarta gamelanana teh, jumlahna sarua jeung jumlah wayang sarta gamelan nu sok dipake magelaran ku hiji dalang.

Ku kituna, heureuyna, mun mah aya dalang nu rek magelaran di komplek Pemkab Purwakarta, dalang teu kudu mawa wayang sapuratina. 

Manehna ngan ukur perelu mawa nayaga sarta sindenna wungkul, laju prung magelaran.

Baca Juga: Kepala Disnakan Kabupaten Ciamis, Ngurus Ingon-Ingon Ngurus Lauk jeung Ngurus Umat

Nambahan koleksi

Sajaba ti dieusian ku koleksi wayang golek, museum teh deuih dieusian ku koleksi sejen, nyaeta koleksi wayang kulit ti Jawa Tengah, topeng wayang, lukisan dimensi ngadadarkeun soal wayang, sarta lukisan kaca nu temawa wayang. Sarwa wayang, cindekna mah.

Hiji patugas museum netelakeun, koleksi wayang nu aya di museumna teh jumlahna ngahontal ratusan. Koleksi nu pangreana, nyaeta wayang golek. Husus koleksi wayang golek, cenah, lengkep jeung gamelan sapuratina.

Nurutkeun manehna, pihakna aya rarancang rek terus nambahan koleksina.

Baca Juga: Magrib Mengaji Shalat Berjamaah Solusina, Bupati Ciamis: Masjid Agreng, tapi nu Solat Barjamaah Corengcang

“Ka payun mah, koleksina moal mung wayang golek ti Jawa Barat, wayang kulit ti Jawa Tengah wungkul, tapi bade diupayakeun aya koleksi wayang ti wewengkon sanes di lemah cai,” pokna.

Teu mustahil, cenah, ka hareupna pisan mah aya koleksi wayang ti luar nagri. Enya, sabab nu ngaranna wayang teh apan, lain ngan aya di Jawa Barat, Jawa Tengah, Jawa Timur atau Indonesia wungkul. Di nagara deungeun oge aya nu disebut wayang.

Ieu museum, kaasup kajojo. Eta hal katingal tina jumlah nu ngadongdonna.

Baca Juga: Patilasan Eyang Dalem Arya Kancana di Cibangban Desa Bunter Aya Patalina jeung Prabu Niskala Wastukancana

Nurutkeun catetan, dina sapoena, nu ngadongdon museum teh tara kurang ti 500 urang. Samalah husus dina poe pere mah, jumlahna kalan-kalan ngajaul jadi 3.000 urang sapoe.

“Nu ngadongdonna, sanes wae ti Purwakarta, tapi aya oge nu ti Bandung, Sumedang, Bogor, Jakarta, Medan sarta mancanagara,” cek Irma, hiji patugas, dina hiji waktu ka Galur, bari nyebutkeun yen ngadongdon museum galeri wayang the haratis, alias teu dipulut duit saperak-perak acan.***

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler