Kriya di Ciamis, Mibanda Potensi ngan Tacan Dipalire ku Pamarentah

- 13 Januari 2024, 12:00 WIB
Perah jeung sarangga bedog kriya Dede Kustija ti Desa Kaso Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis.
Perah jeung sarangga bedog kriya Dede Kustija ti Desa Kaso Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis. /Nanang S/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Warga Tatar Galuh Ciamis rarancage. Lian ti loba nu usaha di wewengkon sejen, oge rea nu di lemburna muka usaha, kaasup  nu kana handy craft atawa kriya. Di antarana Dede Syamsul Maarif, warga Desa Kaso Kecamatan Tambaksari.

Dede Syamsul Maarif nu nelah ku nenehna Dede Kustija dumukna teh di Kampung Mekarjaya, Desa Kaso, Kecamatan Tambaksari, Kabupaten Ciamis. Ti dayeuh Ciamis mah Mekarjaya teh kawilang jolok.

Mekarjaya ngatapel wates jeung Walungan Cijolang nu dipake tapel wates Jawa Barat jeung Jawa Tengah. Wetaneun Cijolang, Desa Bingkeng, Kecamatan Dayeuhluhur Kabupaten Cilacap, Jawa Tengah.

Baca Juga: Nyawalakeun Adeg-adeg jeung Tangtungan Sunda, Perlu Dirumuskeun deui

Dede Kustija kana handy craft atawa kriya, ngolah bahan nu nyampak di sabudeureunana jadi barang seni, ti taun 2017. Asalna mah Dede ngumbara di Kalimantan, digawe di pakebonan kalapa sawit, Malah Dede meunang jodo ka wanoja Dayak nu geus muslim.

Taun 2015 Dede eureun tina gawena. Mulang ka lemburna. “Nya ti dinya abdi ngawitan kana kriya, ngadamelan wayang golek,” pokna waktu ditepungan di padumukanana sawatara waktu ka tukang. Geuning puluhan taun ngurus kebon kalapa sawit maher kana ngukir wayang golek?

“Pun bapa, TNI Angkatan Darat, sok ngadamelan wayang golek,” tembal Dede. Ti keur SMP, Dede sok rajeun diajar ngabantuan bapana nu sanggeus pangsiun milu ka Kalimantan sarta tilar di Kalimantan. Atuh waktu keur di Kalimantan oge dina waktu rineh kana nyieunan barang seni ukiran mah sok dipaju, najan harita mah nganteur karesep.

Wayang golek

Sanggeus dumuk deui di lembur banjar karang pamidanganana, Dede ngabaladah nyieunan wayang golek. “Bahanna tina kai albu,” pokna. Kai albu atawa albasiah kawilang rea di Desa Kaso. Ngan ari keur nyieun wayang golek mah kai albuna nu kualitasna hade. Kamaheranana dina nyieunan wayang golek kapeunteun hade, sarta loba nu paresen.

Resi Dorna jeung Semar karya Dede Kustija
Resi Dorna jeung Semar karya Dede Kustija

Baca Juga: Bupati Bandung Ngawanohkeun Seni Badawang jeung Wayang Golek di PWI Pusat

Anu paresenna teh dalang jeung warga nu hayang bogaeun wayang keur hiasan di imah. Wayang keur pakeeun dalang jeung keur hiasan kualitasna sarua, kitu deui hargana.”Mung ari wayang kanggo dalang mah tengahna dibobok, dipolongoan, supado hampang dinga ngamaenkeunana,” ceuk Dede.

Properti atawa pakean jeung rarangken keur wayangna mah meunang pesen ti Bandung. Kari nyebutkeun properti keur ngaran tokoh wayang, upamana keur Gatotkaca, Bima, Resi Dorna jeung sajabana. Teu kudu nyebutkeun ukuran wayangna lantaran anu dijieun ku Dede mah wayang golek standar nu biasa dimaenkeun ku dalang.

Nyieun hiji wayang rata-rata merelukeun waktu saminggu, ti mimiti ngabakalan, ngukir, ngecet tepi ka ngabajuanana. Ari nyieun wayang Semar mah leuwih tereh lantaran teu loba ukiran, teu kawas wayang satria jeung raja. Model wayang meunang Dede leuwih condong kana wayang Giri Harja, henteu kana gaya Cibiru.

Perah jeung sarangka bedog

Taun 202o Dede ngabaladah kana nyieun perah jeung sarangka bedog, babakuna perah jeung sarangka bedog barang seni. Perahna teh aya nu wangun hulu wayang, maung, naga, jeung sajabana, gumantung ka nu pesenna. Sarangka bedogna oge diluyujeung jeung perahna, boh motifna boh warna cetna.

Dede Kustija, pengrajin wayang golek jeung perah sarangka bedog seni ti Desa Kaso Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis.
Dede Kustija, pengrajin wayang golek jeung perah sarangka bedog seni ti Desa Kaso Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis.

Baca Juga: Jaran Lumping Kalangenan Sultan Ki Ageng Danalaya

Mun perahna hulu naga, motif sarangkana oge sawirahna jeung perahna. Perah bedog biasana dijieun tina kai jeruk. Kai jeruk dipake perah bedog hade pisan, lantaran kai jeruk mah henteu regas. “Upami dina karet mah elastis atanapi ngaret,” pokna. Ari sarangkana mah biasana tina kai pines jeung mahoni.

Salian ti nyieunan perah jeung sarangka bedog nu ngandung ajen seni, Dede oge sok nyieunan perah jeung sarangka bedog pakeeun sapopoe. Wandana lumrah jeung umumna bedog. Bahan keur perahna sarua tina kai jeruk. Nu pesenna teh lolobana mah bari mawa bedogna. Tapi aya oge nu pesen kumplit jeung bedogna

Tacan mibanda ruang pamer

Dina alam nyata, Dede tacan mibanda ruang pamer, boh di desana boh di Kota Ciamis. Pamarentah Kabupaten Ciamis, kaasup di Dinas Pariwisata jeung di Dinas Kebudayaan, Pemuda dan Olahraga (Disbudpora) Kabupaten Ciamis, tacan mibanda tempat keur majang produk ekonomi kreatif, kaasup kriya.

Dede ngawanohkeun kriyana teh dina media sosial. Anu paresen produk karancageanana oge lolobana mah ngaliwatan media sosial jeung WA. Dede nyebutkeun inyana  tacan kungsi dipalire ku pamarentah, boh keur promosi produkna boh keur modalna. Nu matak Dede mah estu mandiri, jalan sorangan.

Loba nu tacan meunang bantuan

Anu kawas Dede, lain saurang dua urang: tacan kungsi ngasaan pangdeudeul ti pamarentah padahal potensial pisan leuwih dimekarkeun jeung dipromosukeun. Hiji di antarana Pa Udin, maranggi (tukang nyieunan perah jeung sarangka bedog) urang Kampung Pasirhalang, Desa Cisontrol, Kecamatan Rancah, Kabupaten Ciamis.

Pa Udin, maranggi di Desa Cisontrol, Kecamatan Rancah, Kabupaten Ciamis.
Pa Udin, maranggi di Desa Cisontrol, Kecamatan Rancah, Kabupaten Ciamis.

Pa Udin jadi maranggi  ti taun 198o mula. Duka sabaraha puluh rebu bedog  nu geus disarangkaan jeung diperahan ku Pa Udin teh. Umumna Pa Udin dina nyieunan perah jeung sarangka teh keur bedog pakeeun sapopoe lain keur pajangan. Nu matak model jeung motifna oge simpel, henteu pati direka-reka.

Najan kitu, Pa Udin oge narima nu pesen perah jeung sarangka bedog  keur pajangan. Perahna saperti hulu wayang, hulu naga jeung sajabana, boh perahna boh sarangkana dijieun tina tanduk munding. “Sapertos ieu,” ceuk Pa Udin bari nembongkeun perah jeung sarangka bedog nu dijieun tina tanduk munding.

Najan teu bisa laluasa direka-reka, teu kawas bahanna kai, perah nu dijieun tina tanduk munding oge bisa dijieun bari mibanda ajen seni. “Tanduk munding oge aya nu bule, sae dianggo perah bedog, mah dipercanten mibanda maunat,” ceuk Ade Halimun, panday jeung seniman ti Kampung Sukalila, Desa Kepel, Kecamatan Cisaga, Kabupaten Ciamis.

Teu beda jeung Dede katut Pa Udin, Ade Halimun oge tacan kungsi meunang perhatian ti pamarentah keur ngaronjatkeun produkna. Najan kitu ku tiluanana teu jadi pamikiran, ngama’lumeun pamarentah loba urusun nu leuwih penting. Dede, Pa Udin, jeung Ade Halimun yakin usaha bakal leuwih maju najan teu ditolih ku pamarentah.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x