Pepadi Ciamis Gede Harepan Seni Wayang di Ciamis Mingkin Nanjung

- 3 Januari 2024, 07:00 WIB
Pagelaran  wayang golek dalang Deden Kurnia  lingkung seni Giri Baskara ti  Kampung Bungur­sari, Desa Sindang­he­rang, Keca­matan Panum­bang­an, Kabupaten Ciamis.
Pagelaran wayang golek dalang Deden Kurnia lingkung seni Giri Baskara ti Kampung Bungur­sari, Desa Sindang­he­rang, Keca­matan Panum­bang­an, Kabupaten Ciamis. /Nanang S/galura.co.id

Disbudpora Ciamis, ceuk Deden Kurnia, geus nyadiakeun ru­angan sekretariat Pepadi Cia­mis nu di Gedung Kesenian Ciamis (GKC) nu ti saprak di­res­­mikeun, November 2015, ta­can kungsi dipake pagelaran ka­­se­nian. GKC oge bisa dipake keur latihan ngadalang. “Sim­kuring nuju nyu­sun ang­garan­ana, kanggo diklat,” pokna.

Dina diklat ceuk Deden Kurnia,  diusahakeun ins­truk­turna, sal­ian ti dalang senior di Kabu­paten Ciamis, oge ti aka­demisi, ti ISBI Bandung jeung dalang moyan ti daerah sejen. Ngarah dalang dibekelan ku pangaweruh ti akademisi jeung praktisi, lebah dieu dalang nu masagi sarta panggunganana kerep bisa dijadikeun bahan keur bekel para dalang.

Diklat salian ti ngasupkeun para dalang Ciamis dina kawah candramuka, oge keur nyang­ha­reupan Binojakrama Peda­langan Wayang Golek Purwa ting­kat Kabupaten Ciamis nu direnca­na­keun digelar Mei 2024. Pinunjul kahiji jadi wawakil Kabupaten Cia­mis dina Binojakrama tingkat Ja­bar taun 2025 nu digelar di Ka­bupaten Bogor. 

“Dina Binojakrama 2025 di Ka­bupaten Bogor, dalang ti Ka­bupaten Ciamis kedah ngahontal prestasi  nu pika­reu­euseun. Bokor Mas Astagina kedah tiasa diboyong ka Tatar Galuh Ci­amis,” ceuk Deden Kurnia. Inya­na gede harepan eta kaha­yang teh bisa kahontal lantaran dalang-dalang di Ka­bupaten Cia­mis mibanda bakat nu hade.

Baca Juga: Wayang Geugeus ti Lembur Siluman Rawa Onom Kota Banjar

Penasehat Pepadi Ciamis, Edi Kurnadi, ngajurung pisan pa­ra dalang di Kabupaten Cia­mis jadi dalang moyan lain ukur di Kabupaten Ciamis tapi oge di luar wewengkon Kabu­paten Cia­­mis sarta satata jeung da­lang-dalang ti we­wengkon se­jen. Ngan le­bah dieu pama­rentah Kabupaten Ciamis k­u­du ngarojong jeung ngayunkeun program Pepadi Ciamis, upamana nyadiakeun waragadna.

Pikeun ngagembleng da­lang-dalang di Kabupaten Cia­mis, Edi Kur­nadi nu oge Kuwu Desa Kaso, Kecamatan Tam­bak­sari, di­na maleman taun anyar, ma­lem 1 Januari 2024, bakal  nga­gelar pagelaran rampak dalang di sanggar Mekar Arum 2 di De­sa Kaso.  Ieu bakal dijadikeun pa­miangan  hu­dang­na jeung nanjeurna  deui se­ni wayang di Ka­bu­paten Cia­mis.

Maman Isak Juharman, ti sanggar Seni Rakyat Buniseuri, Kecamatan Cipaku ngaba­ge­a­keun pisan aya program keur ngamajukeun seni wayang di Kabupaten Ciamis.***

 

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah