Kalender Sunda Mopoyankeun Urang Kudu Panceg dina Bebenaran Ngarah Salamet

- 20 Agustus 2023, 06:00 WIB
Kalender Sunda taun 1960 Saka. Tanggal 1 taun anyar 1960 Saka meneran poe Soma (Senen) 26 Juni 2023. Blanganana taun 1960 Saka teh angka 12, nu nuduhkeun setan, jadi taun ayeuna taun setan.
Kalender Sunda taun 1960 Saka. Tanggal 1 taun anyar 1960 Saka meneran poe Soma (Senen) 26 Juni 2023. Blanganana taun 1960 Saka teh angka 12, nu nuduhkeun setan, jadi taun ayeuna taun setan. /galura.co.id/Nanang

GALURA -Taun anyar Caka dina kala Sunda (Kalender Sunda), taun 1960 Caka, tanggal hijina, 1 Kartika 1960, poe Senen atawa Soma, tanggal 26 Juni 2023. Tina itungan poe 1 taun anyar Caka Sunda, Soma, bilanganana 12. Bilangan 12 teh nuduhkeun setan,kalayan shiona hurang tutug.

Kalender Sunda mopoyankeun sangkan dina taun setan, urang teu kabaud atawa teu ti kekebuh kana hal-hal nu teu hade, urang kudu kawas hurang tutug, nu tempatna hirupna teu kasaba ku sato laut sejenna. Ngandung harti urang kudu panceg dina kayakinan, dina bebeneran.

Mun leukeun diitung mah kala Sunda atawa Kalender Sunda saenyana leuwih ti 1960 taun. Sunda, budayana, dumasar arkeologi geus aya leuwih ti 100.000 taun ka tukang. Geus lila pisan.

Baca Juga: Dumasar Kalender Sunda, Taun Ayeuna Taun Setan

Lain rek pakolot-kolot supa. Tengetan sing daria; anu dumuk di basisir talaga Bandung purwa, kira-kira 125.000 taun SM (Samemeh Masehi, Sebelum Masehi) geus mikawanoh budaya cor logam (metalurgi) keur ruruhit tumbak atawa panah.

Bandingkeun jeung jaman megalitikum nu karek mucunghul kurang leuwih 5000-10.000 taun SM. Bisa jadi Sunda teh sajaman jeung Benua Atlantis nu geus carem (the lost continental).

Ceuk panalungtikan arkeolog Amerika Selatan, Prof. Arysio Nunes dos Santos, ieu benua teh perenahna di Laut Jawa ayeuna. Plato, pilsuf Yunani nyebutkeun di Benua Atlantis kungsi hirup bangsa Lemuria. Geura, apan Lemuria teh bisa dihartikeun lembur dia.

Ayeuna mah urang ngorakeun bae Sunda teh kakara 2000 taun. Agul ku payung butut? Butut teh identik jeung buhun, antik, tapi urang Sunda mah teu nyaho boga payung-payung acan. Kumaha rek ngaguar jati diri atuh?

Teu aneh, anu rea kacaritakeun kiwari ukur dongeng Ki Mas Tanu nu pajar giruk ka Kumpeni. Padahal saenyana mah Ki Mas Tanu teh henteu kitu.

Baca Juga: Kalender Sunda, Lain Kalender Klenik, Tapi Dumasar Itungan Matematis

Ku sabab no document, no history tea, jadi nu digugulung ku paraahli teh, cenah, data nu aya jeung dianggap soheh keur ukuran ayeuna. Nu sejenna mah, dicap legenda, bari teu neuleuman sosio historisna.

Sajarah nu dipikawanoh ku masarakat teh ukur dianggap dongeng wungkul. Siliwangi wae apan aya di euweuhna jeung euweuh di ayana.

Sunda, Siliwangi, Pajajaran cukup dihaleuangkeun kahirupanana ku juru pantun. Pangbeberah manah, pikeun nyoraeng ka tukang (romantisme, ceuk Kang Cece Padmadinata mah).

Tarima. Raga wayahna kiwari urang Sunda keur ngancik di nagri deungeun: Padika (metode) deungeun, pola pikir deungeun, sistem deungeun.

Budaya Sunda mah dianggap cukup ku kasenian, basa, kuliner, kaulinan barudak jeung babasan wungkul. Teu pantes jeung teu payus mun urang Sunda ngagugulung widang sejen: elmu pangaweruh.

Baca Juga: Rungkad Dinyanyikeun di Istana Merdeka, Kila-Kila?

Ku sabab elmu canggih mah anu bangsa deungeun, tong pipilueun, tuturkeun wae. Beu, ku primitif-primitif teuing urang Sunda teh.

Ngadenge “ramalan” paraastronom sadunya komet Halley bakal ngadeukeutan Bumi deui taun 2062, urang Sunda mah ukur colohok. Boga kasakten naon paraastronom teh make bisa noong ka jaman ka hareup?

Naha eta teh klenik atawa uga? Boa-boa parastronom teh meuleum menyan nu hargana Rp25 juta heula bisa ngaluarkeun uga kitu teh?

Ramalan astronom teh senyana dumasar itungan matematika. Ku ngagunakeun matematika bisa diprediksi kumaha kaayaan sabeudeureun alam semesta, ngeunaan planet, bentang jeung galaksi sejenna.

Ku itungan matematis oge urang bisa ngira-ngira kajadian nu bakal datang. Nu Maha Kawasa nyiptakeun alam jeung pangeusina dibarung ku sistimna.

Naha ari urang Sunda balilu kitu dina matematika? Abah Ali Sastraamidjaja nu nguniangkeun deui kalender Sunda ngabuktikeun urang Sunda saenyana pinunjul dina matematika astronomi.

Baca Juga: Ngali Potensi Kaarifan Lokal Pikeun Mekarkeun Pariwisata di Desa Cisantana

Pananggalan atawa Kalender Sunda anu diguar deui ku Abah Ali, tingkat akurasina 138 kali batan pananggalan Masehi nu ku urang dipake sapopoe ayeuna.

Pabaru Sunda kudu leuwih ngajomantara aweuhanana, jadi bekel jeung jadi obor lengkah urang dina jaman milenial keur ngaharmoniskeun hirup jeung kahirupan.

Kalender Sunda ngajarkeun lamun geus wayah (geus datang waktuna), nya wayahna (kudu naek narima jeung mampu ngigelkeunana atawa nyurahanana).

Lamun ninggang di wayah, tong sagawayah. Entong miheulan wayah, tapi tong kapiheulaan ku wayah. Urang kudu tetep bareng jeung wayah.

Najan kitu aya nu kudu tetep dicekel pageuh: hirup jeung alam, ngahiji jeung alam. Urang alus ka alam, alam oge alus ka urang. Urang teu hade ka alam, alam oge teu hade ka urang.

Kalender Sunda nembongkeun manusa téh ngahiji jeung alam, harmonis jeung alam, nungtun manusa sangkan ngarti ka alam.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah