Majalah Sunda, Dipedalkeun ku Ajip Rosidi, Teuneung Ludeung Ngayonan Media nu Nyokong PKI

- 10 Juli 2023, 09:22 WIB
Majalah Sunda nu dipedalkeun ku Ajip Rosidi, tujunana, ngawadahan sora rayat jeung umat Islam, ngalawan agitasi jeung aksi PKI (kenca). Buku hasil panalungtikan Abdullah Mustappa ngeunaan Majalah Sunda (katuhu).
Majalah Sunda nu dipedalkeun ku Ajip Rosidi, tujunana, ngawadahan sora rayat jeung umat Islam, ngalawan agitasi jeung aksi PKI (kenca). Buku hasil panalungtikan Abdullah Mustappa ngeunaan Majalah Sunda (katuhu). /Nanang /Galura

GALURA -Majalah Sunda dipedalkeun ku pokalna Ajip Rosidi. Tujunana, ngawadahan sora rayat jeung umat Islam, enggoning ngalawan agitasi jeung aksi kaum komunis nu diguguluan ku Partěy Komunis Indonesia (PKI), salila kurun waktu 1960-an, nepi kakajadian “G-30-S” tangal 30 Sěptěmber 1965.

Dina “Hidup Tanpa Ijazah” (2008), kaca 344, Ajip Rosidi netelakeun: “Kudu aya media nu wani ngayonan pers komunis. Ngeusian kakosongan media nu eusina kabeh nyokong komunis.” Nya tanggal 25 Februari 1965, medal Majalah Sunda. Medal saminggu sakali. September taun 1965, robah jadi majalah dua mingguan. Jilidna warna. Eusina beuki euyeub da rada ngandelan, teuneung ngayonan media nu biluk ka PKI.

Sanajan hirupna teu lila, ukur dua taunan, (1965-1967) Majalah Sunda nu medal hasil karancagean Ajip Rosidi keur ngayonan media nu pro komunis atawa PKI, geus hasil nancebkeun prěstasi jeung rěputasi nu hadě dina dunya jurnalistik. Hususnya jurnalistik Sunda. Majalah Sunda, nu mimiti medal dingaranan Mingguan Sunda, dina wanda nu basajan, tapi němbongkeun eusi nu pepel, tur pepek.

Baca Juga: Juag Kurban Sapi

Sajaba ti ngamuat tulisan jurnalistik (warta, laporan), Majalah Sunda ngamuat karya sastra deuih. Běda tina wanda umumna majalah basa Sunda nu sajaman (Mangle, Sari, Langensari, jeung sajabana) nu karěrěanana ngamuat carita fiksi ngandung hiburan (sanajan sakapeung-kapeungeun ngamuat fiksi nu ngandung ajěn sastra).

Majalah Sunda malah mayeng ngamuat sajak jeung carita tarjamahan. Di antarana carnyam karya sastrawan Rusia, Ivan Turgenyev, “Cinta Rumaja”.

Pers dikadalian ku PKI

Kaayan dunya pěrs atawa jurnalistik taun 1960-1965, ampir sagemblengna aya dina kadali pamarěntah nu aya dina pangaruh PKI. Rupa-rupa gagasan PKI, kayaning Manifěsto Politik (Manipol), Nasakom (Nasional, Agama, Komunis) jeung sajabana dihaěnan ku pamarentah. Nepi ka jadi program pamarěntah pikeun dijejelkeun ka balarěa.

Eusi suratkabar, saban waktu rata-rata ngandung propaganda Manipol jeung Nasakom. Bari jeung disambaraan sindir sampir ka Islam jeung umat Islam nu dianggap anti Manipol, anti Nasakom, panyokong něo-kolonialisme-imperialisme (nekolim), kapitalis birokrat (kapbir), tujuh setan desa, jeung sajabana. Lir umat Islam taya jasana ka nagara Republik Indonesia. Asa urang komunis jeung PKI sorangan nu miboga Indoněsia teh.

Baca Juga: Kabupaten Ciamis Diganti Jadi Kabupaten Galuh, Kawasna Moal Jadi

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah