Leuweung Ciremai Kudu Dirumat, Ulah Nepika Ruksak

- 14 Maret 2023, 20:30 WIB
Tangkal pines ngajajar di sabudeureun Leuweung Gunung Ciremai, tacan tapak nyadap.
Tangkal pines ngajajar di sabudeureun Leuweung Gunung Ciremai, tacan tapak nyadap. /Ajun Mahrudin/

GALURA- Gunung Ciremai  kawilang penting pikeun kabutuh masarakat di sababaraha daerah, utamana di wilayah III Jawa Barat.

Anu dimaksud wilayah III Jawa Barat teh nyaeta Kabupaten Cirebon, Kota Cirebon, Indramayu, Majalengka, jeung Kabupaten Kuningan (Ciayumajakuning).

Samalah, henteu semet masarakat Ciayumajakuning, tapi sabaraha daerah di Kabupaten Brebes Jawa Tengah.

Baca Juga: Tacan Puguh Bule Hideungna, Maman : Geutah Pines di TNGC Ulah Waka Disadap

Ku sabab kitu, kudu dirumat dijaga, dipiara,  ulah nepika diruksak,  alatan pikeun kapenting saayeunaeun. Cindekna kudu mikirkeun nasib masarakat kahareupna.

Kawas anu dicaritakeun ku Amalo, saban bagean Gunung Ciremai, mangrupakeun daerah aliran sungai (DAS) diantarana Cisanggarung jeung Cimanuk.

Baca Juga: BEM Uniku Ngayakeun Diskusi Terbuka, Museur Nyaritakeun Gunung Ciremai Kiwari

Salila ieu, ceuk Amalo, Gunung Ciremai, henteu ngabalukarkeun banjir jeung longsor.

Hartina ceuk Amalo, taneuh di sabudeureun Gunung Ciremai mampuh nyerep cai hujan.

Ku sabab kitu, pihak-pihak anu miboga kawenangan kudu wijak dina  nangtukeun kawijakan ngurus Gunung Ciremai.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x