Parurugi Tanah Warga Kasabet Bendungan Sadawarna Sumedang Ngagantung Keneh?

- 15 Februari 2023, 14:30 WIB
Parurugi bendungan Sadawarna can rengse
Parurugi bendungan Sadawarna can rengse /Adpim Jabar/

Baca Juga: Alun-Alun Sumedang Robah ti Taun 1922 sabada Ngadeg Tugu Lingga, ti Harita Lain Lapang Lega Deui

Rahmat ngebrehkeun, sabada bendunganna diresmikeun ku Presiden, warga ngahaja natanyakeun deui ka pamarentah. Ngan jawabanna teu robah, “segera diproses”, kitu we jeung kitu, bari taya realisasina.

Awahing ku keuheul, tungtungna aya warga nu ngahaja mosting eta fakta dina media sosial, babakuna Facebook. Udaganana ngan hiji, pasualan nu disanghareupan ku warga meunang perhatian pamarentah, jeung parurugi gancang katarima.

Dina eta postingan antarana war dijentrekeun yen nu parurugina ngagantung alias can beres teh kira 35 tanah milik warga jeung 9 tanah kas desa (TKD).

Baca Juga: Wangunan jeung Banda Cagar Budaya di Sumedang, Perlu Dirumat jeung Dimumule Babarengan ku Balerea

“Tah sadayana, uang ganti rugi (UGR) nu teu acan rengse teh kanggo 35 tanah milik warga sareng 9 tanas kas desa,” cenah.

Warga jeung pihak desa, cenah, sababaraha kali ngadatangan BPN Sumedang, PPK Pengadaraan Tanah Bendungan Sadawarna jeung pihak sejenna nu aya patalina jeung proses parurugi atawa UGR.

Tapi jawabanna teu robah-robah wae, ngan ukur “segera ditindaklanjuti” bari nepi ka ayeuna  ngagantung keneh wae.

Naha ku naon bet kitu? Can aya katerangan.

Baca Juga: Talang Irigasi Titinggal Walanda di Sumedang, Dipake Keneh Meuntas ku Warga

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah