Ku lantaran eta, lahan atawa tanah warga nu kasabetna ge rea pisan. Eta teh kaasup lahan bogana kulawarga Rahmat.
“Tapi wios eta mah, panginten tos kedahna kitu. Lahan warga di dieu kedah kasabet proyek. Nu penting kanggo warga mah, parurugina lancar,” kitu cek Rahmat jeung warga sejenna.
Alhamdulilah cenah, ti saprak aya rarancang diwangun taun 2018, warga nungtutan nampa parurugi ti pamarentah ngaliwatan panitia pembebasan tanah anu ditugaskeun.
Basa nu sejen nampa parurugi, Rahmat nyangka, kulawargana oge bakal nampa parurugi tanah nu kasabet proyek. Enya, piraku batur nampa ari manehna henteu mah.
Ngan dina emprona, kulawarga manehna jeung puluhan warga sejen mah geuning kawas dihare-harekeun. Basa nu sejen geus beres urusan parurugina, kulawargana mah lebeng, taya beja-beja acan.
Baca Juga: Pesona Taman Puspa jeung Kampung Ciherang, Dua Tempat Wisata Instagramable di Tanjungsari, Sumedang
Panasaran, maranehna nanyakeun ka pamarentah, ku naon parurugi can katarima. Kituna teh bari nembongkeun pasuratan tanah nu diperlukeun.
Jawaban ti pamarentah ka maranehna harita matak reugreug, “segera diproses”. Meureun, harita keneh bakal langsung diproses jeung maranehna bakal gancang narima parurugi. Kitu pikiran warga kaasup Rahmat.
“Ngan saatos eta mah jempling deui, teu aya wartos pisan. Malah dugi ka bendunganana diresmikeun ku Presiden Joko Widodo 27 Desember 2022,” cek Rahmat.