Hadir dina Pupuncak Acara HPN 2023, Uu Ruzhanul Ulum: Pers Kudu Tetep Nyambungkeun Pamarentah jeung Masarakat

- 11 Februari 2023, 08:37 WIB
/Dok. PWI Jabar /

GALURA - Hadir dina Acara Puncak Hari Pers Nasional di Kota Medan, Sumatera Utara, Kemis, 9 Februari 2023, Wakil Gubernur Jawa Barat Uu Ruzhanul Ulum gedé harepan kana peran insan pers Indonesia.

Uu miharep, media massa di Indonesia bisa terus méré mangpaat ka sakumna masarakat, sarta mampuh ngahijikeun persepsi ngeunaan nasionalisme di tengah rageman, luyu jeung siloka bangsa Bhinneka Tunggal Ika.

“Sim kuring miharep, pers nasional tetep luyu sareng harepan urang sadaya. Nyaéta, iwal ti media pemberitaan, ngabéwarakeun hal nu positif, mangpaat, katut maslahat. Tet -Undangep ngajaga persatuan sareng kesatuan,” ceuk Uu.

Satuluyna Uu negeskeun, ayana pers téh kacida diperelukeun boh ku masarakat boh ku pamaréntah minangka pelaksana nagara dumasar Undang-Undang Dasar 1945.

Ku ayana media massa, ceuk UU,  bakal aya interaksi antara pamaréntah jeung masarakat dina upaya pangwangunan jeung karaharjaan (kasejahtraan) bangsa.

“Pamaréntah Provinsi Jawa Barat peryogi media kanggo janten panyambung sareng masarakat. Atuh masarakat ogé tangtos meryogikeun ayana media kanggo ngadugikeun harepanna ka pamaréntah. Sukses kanggo insan-insan media, hususna insan media Jawa Barat,” ceuk Uu, nandeskeun.

Baca Juga: Ngareuah-reuah HPN 2023 di Sumut, Karya Urang ‘Galura’ Asup Buku Antologi Puisi Wartawan

Saméméhna, dina acara gala dinner di Rumah Dinas Gubernur Sumatera Utara, Rebo peuting, 8 Februari 2023, PWI Pusat ngalélér panghargaan ka Gubernur Jawa Barat, Ridwan Kamil, minangka Kepala Daerah Peduli Peningkatan Kapasitas Wartawan Melalui Program 1.000 Uji Kompetensi Wartawan.

Ngeunaan ieu, Uu Ruzhanul Ulum nerangkeun, Program 1.000 UKW diayakeun ti tengah taun 2022 tepi ka Agustus 2023 anu dibagi dina sababaraha angkatan. Kagiatanana lumangsung di sawatara kabupaten jeung kota di Jawa Barat.

Ieu program téh, cenah, mangrupa wujud midulina pamaréntah nu ngemu harepan gedé kana peran media, utamana nu aya di Jawa Barat.

Di tempat éta kénéh, Ketua Komisi Pengaduan dan Penegakan Etika Pers di Dewan Pers Yadi Hendriana ngaapresiasi kana midulina Pemprov Jabar dina ngaronjatkeun kapasitas wartawan/jurnalis, nyaéta ngayakeun uji kompetensi wartawan (UKW) pikeun 1.000 jurnalis sa-Jawa Barat.

“Kapedulian Pemprov Jabar téh payus diapresiasi margi ieu program bakal janten wadah ngaronjatkeun kualitas jurnalis. Pamaréntah ngadorong para jurnalis kanggo ngaronjatkeun kapasitasna,  oge ngipuk integritas kanggo ngahasilkan karya jurnalistik anu mangpaat kanggo publik. Salasahijina ku ngiringan program UKW," ceuk Yadi.*

Baca Juga: Putri Anjungsari (24), Ngangres ku Nasib Urang Pajajaran, Rasa Kamanusaanana Katodel

Editor: Rosyid E.Abby

Sumber: PWI Jabar


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x