Putri Anjungsari (24), Ngangres ku Nasib Urang Pajajaran, Rasa Kamanusaanana Katodel

- 11 Februari 2023, 05:30 WIB
/

HAYU unggah deui,” ceuk Hasan barang tepi ka deukeut dapuran cau bari leumpang muru tepas.

Méméh nuturkeun, Béna dédéhéman tilu kali rada tarik, sina kadéngéeun ku Putri Anjungsari jeung Ranah. Méré tanda kaayaan aman, sarta Putri Anjungsari jeung Ranah sina balik deui ka pangkéngna.

“Bener, nu tarumpak kuda téh perjurit Cirebon, rék ka Pakuan Pajajaran,” ceuk Hasan sanggeus dariuk deui di tepas.

“Naha ka darieu heula?” Béna nanya bari neuteup Hasan.

“Sawaréh nu ka dieu mah, ngudag karaman. Lolobana mah nungguan di jalan jajahan.”

“Karamanna beunang?”

“Nu tadi rék ngarampog karamanna téh. Geus ngababatang cenah handapeun gawir, deukeut dapuran awi, di tungtung lembur. Kami isukan kudu ngurusna. Ngan kateuing kudu diduruk atawa dikubur.”

“Buruh ngurusna mah kuda, dua. Aralus,” ceuk Béna bari seuri.

“Ah, dia mah,” témbal Hasan, biwirna ngarenyu.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah