"Kumaha rek ngaguar jati diri atuh? Teu aneh, anu rea kacaritakeun kiwari ukur dongeng Ki Mas Tanu nu pajar giruk ka Kumpeni," ceuk Kang Oca.
Baca Juga: Barang tina Anyaman, Ngurangan Wadah Plastik jeung Stropon nu Bahanna Matak Keumeuh Lingkungan
Ku sabab no document, no history tea, jadi nu digugulung ku paraahli teh, ceuk Kang Oca, data nu aya jeung dianggap soheh keur ukuran ayeuna. Nu sejenna mah, dicap legenda, bari teu neuleuman sosio historisna.
Sajarah nu dipikawanoh ku masarakat teh ukur dianggap dongeng wungkul. Siliwangi wae apan aya di euweuhna jeung euweuh di ayana.
"Sunda, Siliwangi, Padjadjaran cukup dihaleuangkeun kahirupanana ku juru pantun. Pangbeberah manah, pikeun nyoraeng ka tukang (romantisme, ceuk Kang Cece Padmadinata mah)," ceuk Kang Oca.
"Tarima. Raga wayahna kiwari urang Sunda keur ngancik di nagri deungeun: padika (metode) deungeun, pola pikir deungeun, sistem deungeun," ceuk Kang Oca deui.
Baca Juga: Kembaranana Aya di Surabaya Gedong Saté Teu Bisa Dijadikeun Model Arsitektur Sunda
Kang Oca nyebutkeun budaya Sunda mah dianggap cukup ku kasenian, basa, kuliner, kaulinan barudak jeung babasan wungkul. Teu pantes jeung teu payus mun urang Sunda ngagugulung widang sejen: elmu pangaweruh.
"Ku sabab elmu canggih mah anu bangsa deungeun, tong pipilueun, tuturkeun wae. Beu, ku primitif-primitif teuing urang Sunda teh," ceuk Kang Oca.
Ngadenge “ramalan” paraastronom sadunya komet Halley bakal ngadeukeutan Bumi deui taun 2062, urang Sunda mah ukur colohok.