Siswa Karya Wisata, Guru Pinuh ku Kahariwang

31 Mei 2024, 07:00 WIB
Beus wisata nu mawa barudak SMK Lingga Kencana Kota Depok tiguling di pudunan Ciater (11/05/2024), ngalantarankeun 11 urang tilar, siswa 9, guru saurang, jeung warga lokal saurang. /

 

GALURA.CO.ID -“Marukan senang kitu marengan siswa karya wisata,” ceuk saurang pangsiunan kepala SMP negeri di Jawa Barat. Ti mimiti miang tepi ka nu balik deui teu weleh pinuh ku kasieun, kahariwang, kaharinghang, jeung kapaur. Anu matak, pokna deui, ngaping siswa karya wisata teh henteu bisa sukan-sukan gumbira.

Anu ngalantaranana aya kahariwang bisi barudak ngalaman hal anu dipiharep, gering tea, leungit tea, cilaka tea, leungit tea jeung sajabana. Komo cenah ngaping barudak SMP atawa SD, kudu terus-terusan ditalingakeun, bisi cecelengkengan sorangan. Leuwih-leuwih mun keur arulin di basisir.

“Budak telat datang mun waktuna miangna oge tos keketegan hate teh, tagiwur, bisi kuma onam, ” pokna. Mending ari ngaping siswa SLTA mah lantaran baraudak geus darewasa, geus boga wiwaha, jeung geus bisa ngajaga diri. Tapi guru pangapingna mah angger wae teu weleh pinuh ku karempan.

Najan ayeuna karya wisata barudak diurus ku biro perjalanan, nu neangan beus, ngurus konsumsi, akomodasi, pihak sakola mah teu pipilueun, ukur masrahkeun waragad sagemblengna. Tapi angger wae mun aya nanaon mah sakola anu katempuhanana. Kudu tanggung jawab, kudu siap direntog, dijejeleh  jeung disalahkeun.

Cilakana beus wisata nu mawa barudak SMK Lingga Kencana Kota Depok di pudunan Ciater (11/05/2024) nu ngalantarankeun 11 urang tilar, siswa 9, guru saurang, jeung nu tumpak motor warga Cibogo saurang, nu dikekesekna mah pihak sakola. Padahal karya wisata siswa eta SMK teh sagala rupana diurus ku biro perjalanan.

Pihak sakola teu apal nanaon kana “status” beusna, teu apal kana “kualitas” beusna, boh mesinna boh bodina (karasorina), kaasup naha kudu make beus nu nomer pulisina AD (Solo) lain beus ti lemburna sorangan, F, B atawa D. (Cenah mah sewa beus wisata ti Jawa leuwih murah batan beus ti Bandung jeung Jakarta).

Pangna pihak sakola anu katempuhan lantaran dianggap nu ngayakeun karya wisata. Karya wisata teh dianggap kahayang sakola, dianggap nu boga pokalna sakola. Eta ku kajadian cilakana beus wisata nu dipake ku barusdak SMK Lingga Kencana Depok, masarakat loba nu protes: ka hareupna cenah geus teu kudu aya deui nu ngayakeun karya wisata.

“Lain ku sabab hariwang cilaka, tapi ku ayana tradisi studi tour, kolotmurid riweuh. Pangaluaran sakola téh beuki tambah beurat ku ayana kagiatan ekstra kurikulér jiga kieu téh,” ceuk Solihin, urang Cicaheum anu anakna masih keneh sakola. Ceuk Solihin, lamun budak nyuprih di sakola téh tilu taun, nya bakal tilu kali milu acara studi tour.

“Bener ari ongkosna mah dicicil saban bulan. Tapi da ah, ripuh wé jang kolot anu pangupajiwana paspasan mah,” pokna. Mangkaning kagiatan ekstra kulikulér di sakola téh pan rupa-rupa pisan. “Ngojay mah, geus  aya. Paling saeutik sabulan sakali,” ieu mah ceuk Ibu Yati urang Garut.

Sakola di Garut mah apanan aya baé cenah palajaran ngojay di Cipanas Tarogong téh. “­Éta pan pangeluaran tambahan,” pokna deui. Ceuk manéhna, sawatara sakola di Garut gé saban taun geus biasa aya acara lalampahan jauh, maké label studi tour. “Ah, naon, piknik biasa wé sabenerna mah,” cenah deui.

Dina medsos mah, loba netizen anu nyacampah kana ieu kagiatan. Nyacampahna lolobana ka guru-guru, sabab dianggap néangan bati tina kagiatan wisata. “Pan sakurang-kurangna guru mah haratis dina milu téh sabab diperenahkeun salaku pembimbing,” ceuk Gunarsa, urang Cimenyan Bandung.

Inyana kungsi keuheul sabab budakna anu di SMA, kungsi indit ka Yogyakarta tumpak karéta api ekonomi nu miangna ti Stasiun Kiaracondong. Karéta apina anu tabuh dalapan isuk-isuk. Tapi  cenah ti Cimenyan tonggoh mah kudu miang bada subuh, da jauh atuh ti Cimenyan ka Kiaracondong téh.

Pihak guru atawa sakola loba disalahkeun, aya anu tugenah. Suparlan guru ti salasahiji SMA di Bandung nyebutkeun karya wisata téh geus maneuh diayakeun saban taun. Ieu gé lain cecelengcengan mawa karep sorangan kumaha ceuk kahayang sakola. L “Pan éta mah geus putusan rapat antara sakola, OSIS jeung komite sakola,” pokna.

Di sakola sejen mah diayakeunana karya wisata teh henteu dapon sok sanajan geus maneuh dsataun sakali. Pihak sakola ngayakeun karya wisata teh dumasar kamandang ti para siswa jeung kolotna nu meh kabeh nyatujuan karya wisata. Pihak sakola ngirim surat ka kolot siswa satuju henteuna karya wisata.

Sanggeus meunang kasuluyuan, terus dibadamikeun deui, diasakkeun deui, ku cara ngajak gempungan nu diluluguan ku komite sekolah. Ngabadamikeun waragadna, naon wae objek nu bakal dianjanganana, naon wae tugas siswa, kudu kumaha siswa jeung sajabana sangkan tina karya wisata siswa beubeunangan.

Ti dinya sakola ngajokeun idin ka dinas pendidikan. SD jeung SMP mah menta idinna ka dinas pendidikan kabupaten atawa kota. Ari tingkat SMA jeungb SMK ngajukeun idinna teh ka dinas pendidikan provinsi. Dinas teu kitu wae ngaluarkeun idinna teh, tapi nengetan heula kagiatanana salila karya wisata.

Suparlan nyebutkeun nu ngaranna studi tour atawa karya wisata geus jadi tradisi di sakolana, malah di sakola mana baé. Ngan ka hareupna, panitia atawa biro perjalanan nu ngurusna kudu ati-ati dina milih beus pariwisata. “Ulah ditéangan pédah sewahna murah tapi kualitas beusna goreng najan casingna (karasorina) hade,” pokna.

Ceuk Suparkan ari di sakolana mah tetep nyekel papagon anu luyu jeung studi. Contona, lamun karya wisatana ka Candi Borobudur, di ditu geus disadiakeun guide anu dibayar. Guide nerangkeun sajarah anu raket patalina jeung sajarah Candi Borobudur. “Engké balikna siswa wajib nyieun artikel laporan ngeunaan Borobudur,” pokna.

Suparlan oge teu beda pangsiunan kepala SMP tadi, balaka ngaping barudak karya wisata teu bisa jongjon ieuh, pinuh ku karempan jeung karisi. “Leres pisan ngemplongna saatos karya wisata lumangsung lungsur-langsar sarta murangkalih tiasa aruih ka bumina sewang-sewangan kalayan salamet,” pokna.*** Aan MP, Nanang, Jarkasih

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler