Basa Indung: Panyatur Basa Jawa Panglobana, Basa Sunda Réngking Ka-2

22 Februari 2023, 07:57 WIB
Panyatur basa Sunda panglobana nyaéta masarakat Jawa Barat anu sumebar di sawatara wilayah Indonésia, kaasup di hiji komplék di Desa Sukamukti, Kecamatan Katapang, Kabupaten Bandung.* /REA/Glr

GALURA – Unesco --organisasi pendidikan, ilmiah, jeung kabudayaan di Perserikatan Bangsa Bangsa (PBB)-- dina tanggal 17 Nopémber 1999 netepkeun 21 Pébruari minangka Poé Basa Indung Internasional alias Poé Basa Indung Sadunya.

Poé Basa Indung Sadunya téh sumberna mah tina ayana pangakuan internasional kana Hari Gerakan Bahasa anu diayakeun di Bangladesh.

Numutkeun Unesco, basa téh puseur kahirupan sosial, ékonomi, jeung budaya. Ku kituna, Unésco nganggap penting éta poé dipiéling unggal taunna. Tujuanana taya lian pikeun mupusti basa daérah di sakuliah dunya sangkan henteu tumpur/musnah, lantaran unggal tujuh poé sakali aya baé hiji basa indung anu musnah alias tumpur. Basa indung bisa dianggap tumpur, lamun seug masarakat anu makéna kurang ti 100 rebu jiwa.

Mun nilik ka dinya, urang teu kudu hariwang basa Sunda bakal tumpur. Malah kuduna mah ngarasa reueus, lantaran di antara rébuan basa (indung) anu aya di sakuliah dunya, basa Sunda jeung Jawa kaasup basa anu loba panyaturna.

 Baca Juga: Basa Indung jeung Media Sunda, teu Bisa Lesot tina Kahirupan Masarakatna

Kementerian Pendidikan dan Kebudayaan dina publikasina, "Gambaran Kondisi Vitalitas Bahasa Daerah di Indonesia Berdasarkan Data Tahun 2018-2019", ngungkabkeun, basa daérah nu sumebar di Indonesia téh réana aya kana 801.

Dumasar data nu dipublikasikeun ku Ethnologue dina taun 2015, basa Jawa nempatan réngking kahiji minangka basa indung anu panyaturna pangréana sa-Indonesia.

Wewengkon di Indonesia anu masih kénéh maraké basa Jawa nyaéta Banten, Jawa Tengah, Jawa Timur, DIY, Sumatera, jeung Lampung. Malah aya di antarana masarakat Maluku, Papua, jeung Kalimantan anu ogé maraké basa Jawa.

Di sakuliah dunya, tétéla panyatur basa Jawa téh 68,278 juta jiwa, sumebar di Suriname, Kaledonia Baru, jeung Sabah, Malaysia.

Sedengkeun basa Sunda nempatan réngking kadua sanggeusna basa Jawa. Masarakat nu maraké basa Sunda di Indonesia réana 32,4 juta jiwa, kalawan jumlah etnis Sunda di Indonesia kira-kira 36,7 jiwa.  Panyatur basa Sunda panglobana nyaéta masarakat Jawa Barat anu sumebar di sawatara wilayah Indonesia, utamana masarakat Jawa Barat anu pindah ka provinsi séjén.

 Baca Juga: Abah Awie, Nanjeurkeun Basa Sunda ku Jadi ‘Youtuber’ Ngadongéng

Sajeroning kitu, di tingkat internasional, basa Sunda nempatan réngking ka-33 ti 6.700-an basa indung anu sumebar di sakuliah dunya.

Sanggeus basa Jawa jeung basa Sunda, réngking satuluyna –réngking  katilu tepi ka sapuluh—ditempatan ku basa Madura, basa Betawi, basa Bugis, basa Minangkabau, basa Banjar, basa Acéh, basa Bali, jeung basa Musi (Palembang).

Jadi lebah dieu, basa Sunda jeung basa Jawa mémang masih kénéh “unggul” dibanding jeung basa-basa daérah lianna anu sumebar di sakuliah Indonésia.

Malah, ceuk panalungtikan Unesco (2007), sawatara taun ka béhdieunakeun, di Indonesia loba basa indung (daérah) anu tumpur. Contona di Papua, tina 273 basa jadi 271 basa.

Kitu deui di Sumatera, tina 52 basa jadi 49 basa, sarta di Sulawesi, tina 116 basa ngurangan jadi 114 basa.

Karep Unesco netepkeun 21 Pébruari minangka Poé Basa Indung Internasional, tangtuna (kudu) meunang pangbagéa/réspon anu hadé ti sakabéh pihak.***

Baca Juga: Desa Tigaherang Rajadesa, Desa Kopi di Kabupaten Ciamis jeung di Jawa Barat

 

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler