Ketua DPRD Kabupaten Bandung: KPU Kabupaten Bandung Ngalelece Lembaga DPRD

25 Januari 2023, 10:30 WIB
Ketua DPRD Kabupaten Bandung nyebutkeun KPU Kabupaten Bandung nganggap sepi ka lembaga DPRD. (Foto: Sopandi/galura.co.id). /

GALURA -Ketua DPRD Kabupaten Bandung, H. Sugianto, nyebutkeun KPU Kabupaten Bandung ngalelece ka DPRD Kabupaten Bandung.

Waktu ngalantik anggota PPK, 4 Januari 2023, KPU Kabupaten Bandung teu ngondang DPRD Kabupaten Bandung. Tina kituna, Sugianto, nganggap KPU Kabupaten Bandung teu ngajenan lembaga DPRD.

Sugairto nyebutkeun mun eksekutif diondang, ari legislatif (DPRD Kabupaten), teu diondang ieu hartina KPU Kabupaten Bandung, nganggap sepi ka lembaga DPRD.

Baca Juga: 840 PPS Dilantik jeung Disumpah, Ketua KPU Kabupten Bandung: Siap Ngalaksanakeun Pemilu

Sacara kalembagaan, Sugianto manghanjakalkeun sikep nu dilakukan KPU Kabupaten Bandung.

“Simkuring teu hayang KPU jeung Bawaslu kakotoran ku oknum- oknum nu teu tanggung jawab,” ceuk Sugianto.

Inyana miharep, ka hareup KPU Kabupaten Bandung teu milampah deui hal nu sarua.

“Nu disebut pamaréntah daerah téh teu ukur eksekutif tapi oge legislatif,” pokna.

Ceuk Ketua DPRD Kabupaten Bandung cicingna DPRD lain hartina teu niténan KPU Kabupaten Bandung jeung Bawaslu Kabupaten Bandung. tapi ngajaga kondusifitas.

Baca Juga: Jadi Ketua Umum KONI Kabupaten Bandung, Yana Suryana Nargétkeun Asup 3 Besar di Porprov Jabar 2026

Wakil Ketua DPRD Kabupaten Bandung, H. Yayat Hidayat, ngelingan sangkan KPU Kabupaten Bandung leuwih ati-ati.

”Di website resmi KPU Kabupaten Bandung, ditulis Forkopinda bari teu nyebut DPRD. Lamun dipatalikeun jeung pasualan kajadian teu diondangna DPRD ieu bisa disebut dibaekeunana lembaga DPRD,” ceuk H. Yayat nu politikus Gerinda teh.

Ketua KPU Kabupaten Bandung, Agus Baroya, ngaku dirina teu cek and ricek daftar ondangan. Inyana ménta hampura ka dewan.

“Sacara pribadi jeung lembaga, simkuring ménta hampura sahab teu taliti. dina ngecek daftar ondangan. KPU teu aya niat ngalélécé lembaga DPRD,” pokna.

Baca Juga: Travo Gardu Listrik di Citangtu Kabentar Gelap, Aliran Listrik di Sababaraha Desa Pareum

Ceuk Agus Baroya dirina narima koreksi nu ditepikeun pingpinan jeung anggota dewan. Inyana jangji ka hareupna moal aya kajadian deui saperti kitu deui.

Ku teu diondangna DPRD Kabupaten Bandung dina pelantikan anggota PPK, Sugiarto meredih sangkan KPU Kabupaten Bandung professional.

DPRD Kabupaten Bandung umajak KPU Kabupaten Bandung satekah pola ngawujudkeun Pemilu 2024 beresih.

Ketua DPRD Kabupaten umajak ka KPU Kabupaten Bandung kitu waktu rapat kerja (raker) di rohang Komisi A DPRD Kabupaten Bandung, Soreang, Salasa (24/01/2023).*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler