Kabayan Ngalanglang Jaman (2): Nu Paséa Ngaributkeun Hak

- 3 Mei 2023, 05:00 WIB
/Ill. Eddy Hermanto/Desain Rosyid EA/

DI pakarangan tukang imahna nu lega kacida, Profésor Kabayan kawas sasarina keur jongjon ngotéktak mesin eksperimenna.

Nilik mesin eksperimenna geus ngawujud, Profésor Kabayan kebek ku kabungah.

Haténa mungguh ngarasa sugema. Sugema nu mokaha.

Gap kana remote control. Cetrék mencét kenop Starter.

Sora mesin waktu mimiti ngagerung, lila-lila ngaguruh tarik naker.

Cetrék kana kenop Stop.

Sora mesin can waka eureun, masih kénéh nyesakeun gerunganana. Lila-lila ngalaunan.

Jep, tepi ka teu nyoarana.

Profésor Kabayan unggut-unggutan deui. Sugema naker. Sakapeung gogodeg, kebek ku pamuji diri.

"Emh..., ku teu sangka aing ayeuna geus bisa nyieun mesin waktu. Sing saha baé ilmuwan nu aya di ieu alam dunya, ti jaman baheula tepi ka ayeuna, can aya nu bisa nyieun mesin waktu kawas aing. Sia Einstein? Éléh sia gé ku aing mah!"

Haténa noroweco sorangan.

"Ku ieu mesin waktu, aing bisa ngalanglang waktu demi waktu, abad demi abad. Aing bisa ngalanglang jaman ka tukang atawa ka jaman engké nu can tangtu kasorang ku manusa jaman ayeuna."

Profésor Kabayan unggut-unggutan deui. Sakapeung gogodeg jeung kekecrek, bangun nu teu percaya kana nu geus dipigawé ku manéhna.

Tuluy ngimeutan deui mesin waktu jieunanana.

Ditenget-tenget. Ditelek-telek. Ditilik-tilik.

Hiji-hiji kabelna dipariksa, bisi salah masangkeunana.

Sanggeus kabireungeuh taya nu salah mah, manéhna unggut-unggutan deui. Paromanna bungah kacida. Bungah binarung reueus.

Tina kabel, tuluy mariksa nu séjénna.

"Papih...! Papiiih...! Piiih...!" Sora awéwé mani cempréng ngagero-gero ti dapur.

Moal salah, enya moal salah, sora cempréng kitu mah pasti sora pamajikanana.

Enya baé geuning, sora Mamih Iteung!

Bakat ku anteng naker mariksa mesin eksperimenna, panggero pamajikanana téh teu kadéngéeun ku Profesor Kabayan.

"Papih...! Papiiih...!" Sora Mamih Iteung mingkin narikan.

Tapi angger taya jawaban, da mungguh anu dicalukanana mah keur jongjon téa mariksa mesin.

Ku ngarasa keuheul pédah teu diwaro, gejlig baé Mamih Iteung kaluar ti dapur, muru ka pakarangan tukang, tempat Profésor Kabayan ti tatadi keur jongjon mariksa barang eksperimenna.

Haténa ngarasa leuwih keuheul deui, basa katénjo ku Mamih Iteung salakina keur onggéng-onggéngan nempoan ka handapeun barang eksperimenna.

"Papih!" pokna nyorongot.

Profésor Kabayan angger teu maliré, kalah jongjon baé onggéng-onggéngan nempoan ka kolong mesin waktu.

"Papih!"

Profésor Kabayan angger teu maliré kénéh baé. Teu kadéngéeun tayohna mah.

Ku lantaran ngarasa teu diwaro baé, Mamih Iteung muka selopna nu katuhu, belewer baé dibalangkeun ka lebah salakina.

Beletrak..., selop nu dibalangkeun téh keuna kana tonggong salakina. Untung henteu keuna kana sirahna, da kabeneran sirahna keur aya di kolong mesin.

Enya, untung! Coba lamun keuna kana sirahna mah, matak buncunur tah sirah nu nyidem élmu nyiptakeun mesin waktu téh.  

Profésor Kabayan tibuburanjat cengkat. Panonna bolotot, muncereng ka pamajikanana.

"Tobat, tobaaat! Ari Mamih, nanaonan...?!" Profésor Kabayan nyorongot bari muringis nahan kanyeri. "Ka salaki téh lain aya hurmatna, Mamih mah. Kalah hayoh ngaganggu kaasyikan salaki."

"Wuah, manasina jéndral dihurmat-hurmat, da ieu mah prajurit gé lain!" ceuk Mamih Iteung, sarua nyorongot.

"Na teu nyaho, kami téh geus waktuna dihurmat, diajénan. Kieu-kieu gé kami téh geus jadi profesor..."

"Lah, profesor gé geuning euweuh araheunana! Apal modalna, lah, Mamih mah..."

"Mun geus nyaho modal salaki mah, kawajiban pamajikan pikeun nutupan rahasia. Jaga privasi. Tong transparan teuing... Transparan teuing mah atuh kuriak bangkrut dapur... Hayoh diancunan ku batur..."

"Alah, kawas nu enya ngawadul téh. Moal ditanggap, moal, ku batur gé!"

"Enya, teu ditanggap ku batur, atuh ku Mamih-ku Mamih, da Mamih mah wajib."

"Heueuh, da pamajikan mah loba wajibna batan hakna, nyah?"

"Hak? Hak nanahaon?!" Profésor Kabayan muncereng. "Apan boga hak gé ku Mamih mah bet dibalang-balangkeun. Tuh, ténjo selop Mamih...," Prof Kabayan nunjuk kana selop nu tadi dibalangkeun ku Mamih Iteung, nu ayeuna ngagolér deukeut suku manéhna, "...éta buktina Mamih teu ngahargaan hak sorangan!"

"Teu lucu! Tong maké basa pelesétan, éta mah hak selop, siah!" ceuk Mamih Iteung bari gudad-gadeud muru selopna, rap dipakékeun deui kana sukuna.

"Étah, étah Si Mamih, ka Papih nyebut sétan? Ka Papih nyebut kélong? Yeuh, Mih, Papih mah geus jadi profesor, lain sétan lain kélong. Lain genderewo lain kuntilanak!"

"Enya, lain sétan lain kélong, lain genderuwo lain kuntilanak, tapi drakula Papih mah. Profesor linglung, siah!"

"Naon buktina Papih linglung? Sok, naon buktina?"

Profésor Kabayan ngangsreg ka hareup, ngadeukeutan Mamih Iteung. Mamih Iteung ukur jebi.

"Huh, masih kénéh nanyakeun naon buktina?! Yeuh, Pih..., mun teu linglung mah, meureun Papih téh bakal aya guam. Batur mah, Pih, enya maksud téh si Edison... geuning bisa manggihan arus listrik, najan lain profesor ge..."

"Si Edison, kawas nu wawuh baé. Thomas Alva Edison, kituh!"

"Heueuh, maksud téh si Éta! Tuluy Neil Sedaka, kapan bisa nganjang ka bulan..."

"Sok tau! Abong kéna resep kana lagu-lagu Neil Sedaka! Neil Amstrong kituh!"

"Enya, maksud téh si Éta! Tuluy deuih..."

"Geus, teu kudu dituluykeun! Ari nyarita jiga nu heueuh nyaho... Nu kitu téh nyanyahoanan. Sok tau, ceuk basa légégna mah..."

"Atuda Papih mah jadi profesor téh kuuleun, teu cara si Edison..."

"Éta geus si Edison deui baé!"

"Tuda enya Papih mah..."

"Tuda, tuda...!" Profésor Kabayan jebi. "Yeuh, Mih, apanan anu salila ieu dipigawé ku Papih téh, hiji préstasi anu batur ogé moal bisa mapakanana."

"Wuah, gedebul. Profesor linglung! Geus sabaraha taun nyieun eksperimen, mana hasilna?! Mana?! Hayoh wé ngagugulukeun mesin paéh!"*** Lajengkeuneun

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (3): Lain Mesin Samanéa

 

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x