Putri Anjungsari (97), Sangkan Leuwih Aman, Putri Pajajaran Miang deui ka Karajaan Panjalu

- 25 April 2023, 06:00 WIB
Patilasan Prabu Siliwangi  (Prabu Niskala Wastukancana) di Desa Cibeureum Kecamatan Sukamantri, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat.
Patilasan Prabu Siliwangi (Prabu Niskala Wastukancana) di Desa Cibeureum Kecamatan Sukamantri, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat. /Nanang S/Galura

 

NING geus mulang deui?” ceuk Suba bari mencrong ka akina, ka Aki Kanta nu karek ngarongheap datang. “Cenah rek lila….”

“Putri dibawa ka Panjalu,” tembal Aki Kanta bari ngarongkong bekong, cur dieusian cai tina kendi. Regot caina diinum.

“Naha dibawa ka Panjalu?” Suba panasaraneun.

“Ambeh aman di ditu mah.”

“Ari di Kawali teu aman kitu?”

“Can aman.”

“Can aman kumaha?” Suba nyusul tepus.

Aki Kanta ngahuleng, bingeungeun ngajawabna. “Aeh ari nu ti Pajajaran geus arindit?” pokna nyalenggorkeun obrolan.

“Eunggeus tadi isuk-isuk, teu ngadagoan Aki datang heula da sugan teh Aki rek lila di ditu,” tembal Suba. “Aka Bena, Aka Rait, ka Linggahyang heula, nyamper tukang parahu. Ari Olot Kaya bareng jeung Aki Jaya, miang ka Cikupa.”

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x