LALAKI nu nyusul ngahuleng. Geus kitu panonna ret ka Asmita, ka Atus jeung ka Gingin.
“Ari daria rek ka marana?” pokna.
“Rek mulang,” tembal Aki Jaya bari neuteup lalaki nu nyusul.
“Opatan?”
“Limaan tadina mah, ngan nu sauruang pandeuri.”
“Lakaki, cawene?”
“Lalaki, budak keneh,” tembal Aki Jaya. “Ari dia rek mana?”
“Kami mah urang dieu. Ti tadi di imah ngadagoan nu mawa endong tea, duaan.”
“Batur dia ti mana?” ceuk Aki Jaya.