"Tadina dia rek ka mana?” ceuk Aki Jaya.
“Kami oge ka wetan, rek ka Kawali, rek bareng jeung kawawuhan kami nu keur didagoan. Ngan moal tepi ka puseur dayeuhna. Paling oge tepi ka Jangraga.”
“Geuning dia nyaho ka Jangraga?”
“Mindeng ka ditu, malah mah ka Kabuyutan Linggahiang oge sababaraha kali.”
“Rek bareng jeung kami?”
“Moal, kami ngadagoan heula nu duaan,” tembal nu nyusul. “Kami amit rek mulang deui,” pokna deui terus mancal kana kudana.
“Amit,” pokna bari malikeun kudana. Beretek kuda ditegarkeun deui ka kulon.
“Saha, nya, Ki?” ceuk Gingin.
“Nu mana?” Aki Jaya malik nanya.
“Eta nu nyusul.”