“Lot, kami ngangin heula, ongkoh hayang nempo kuda,” ceuk Bena bari cengkat.
“Jeung kami, Ka,” ceuk Rait.
“Nya, hayu.”
Sanggeus dienyakeun ku Olot Kaya, Bena jeung Rait ka luar ti warung. Ngajugjug ka tempat neundeun kuda. Leumpangna lalaunan, Bena mah bari tungkul leumpangna teh. Ulatna siga anu keur marudah.
“Ka, kami jigana tepi ka dieu wae nganteurna, rek balik deui,” ceuk Rait ka Bena.
“Jih, naha?”
“Kami era,” tembal Rait.
“Era? Era kumaha?”
“Era, minantu lalaki tadi nu dumukna jauh ti puseur dayeuh tapi nembongkeun belana ka karajaan. Malah rek miang ka Pakuan Pajajaran. Ari kami ngadon ninggalkeun palagan.”
Bena ngahuleng.