Sastra Sunda Carnyam Putri Anjungsari (74), Anak jeung Minantu Tukang Warung Gugur Ngabela Pajajaran

- 2 April 2023, 03:34 WIB
Putri Anjungsari
Putri Anjungsari /Putri Anjungsari

JAMAN Sri Baduga Maharaja, Senopati Maktal  dibarengan perjurit pinilih miang ka Timbanganten keur ngabendung pasukan Cirebon nu rek ngarurug Pajajaran. Surawisesa nu ngaganti Sri Baduga Maharaja marentah ka Senopati Maktal sangkan tetep di Timbanganten bari leuwih nohagaan prajuritna.

“Dia nyaho ti saha?” ceuk Putri Anjungsari deui.

“Ti minantu kami.”

“Ari minantu jeung siwi dia tilarna di mana?”

“Sarua di Leles, waktu bitotama jeung perjurit Carbon.”

“Pedah naeun?” Putri Anjungsari panasaraneun.

“Ngahina Pajajaran,” tembal eta lalaki bari ngasurkeun suluh.

“Ngahina kumaha?” Olot Kaya nembrong.

“Arinyana ngomong Pajajaran ngan kari sacangkewok balukar Sri Baduga Maharaja salah milih gagantina, tepi ka raja-raja daerah baruntak. Arinyana ngomong deui raja-rajana teu bener, nu saurang ukur tapa, nu ngagantina tukang mabok jeung beuki cawene, gawena curak-curak. Kawas  euweuh deui pirajaeun,” ceuk eta lalaki.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x