Carnyam Putri Anjungsari (63) Tikelebuhna Prajurit Cirebon Ngondang Kaheran Urang Lembur

- 22 Maret 2023, 05:30 WIB
Rakit di Situ Cangkuang Leles Garut. baheula sok dipake meuntas di walungan.
Rakit di Situ Cangkuang Leles Garut. baheula sok dipake meuntas di walungan. /Foto: DIsbudpar Garut/Nanang S

URANG dieu oge heraneun. Leuwina oge teu jero-jero teuing, jeung taya cai nyeot,” ceuk tukang rakit deui.

“Laju kumaha?”

“Wanci sareupna, katempo dina handapeun rungkun awi aya nu tinggaloler. Ditempo. Urang dieu kageteun. Nu keur ngagoler teh nu ti teuleum.”

“Tilar?”

“Henteu. Ngan teu bisa dihudangkeun,” tembal tukang rakit. “Diguyah-guyah oge angger ngalempreh. Padahal renghapna mah normal. Tungtungna mah diarantep. Ngan anu dipikahariwang teh baturna nyusulan. Heg engke nuding urang dieu, nganiaya maranehna. Mangkaning perjurit.”

“Tadi janari milu siduru jeung uing,” ceuk Gingin.

“Geus saladar, kawasna. Peuting oge aya nu tugur maranehna, ngan ti kajauahan. Meureun diarantep da bisa laleumpang,” ceuk tukang parahu bari ngabebener jalanna rakit.

Aki Jaya, Asmita, Atus, jeung Suba ngabandungan guneman tukang parahu jeung Gingin. Kabeh ngemu kaheran.Ngan Suba mah palahak-polohok lantaran teu nyahoeun kumaha jujutanana.

Dibawa ngawangkong jeung uleng mikir mah, teu karasa geus tepi ka darmaga. Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Suba patutur turun tina rakit. Gingin pandeuri, mikeun heula buruhna ka tukang rakit. Anu pangheulana diburu teh warung anu kungsi disimpangan waktu rek miang ka patilasan Rajamandala di sisi Citarum.

Warungna tiiseun keneh, kawantu masih isuk-isuk. Katempo seuneu dina hawu ngagedur. Waktu asup ka warung, Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin ngarengkog. Kituna teh lantaran, tukang warungna beda jeung memehna. Nu kamari mah siga menak, babakuna awewena, ari nu ayeuna mah teu beda jeung ilaharna tukang warung.

Kagok geus asup, Aki Jaya, Asmita, Atus, Gingin, jeung Suba, laju  dariuk dina bangku, nyanghareupan meja nu masih keneh kosong.

“Cihaneut,” ceuk Asmita ka tukang warung.

“Wedang?” tembal tukang warung, lalakina, malik nanya.

“Ari aya mah,”

“Aya, can jadi peueut. Tacan lila ditagenkeunana,” ceuk tukang warung. Ngarongkong canting tina batok kalapa, sarta ngajajarkeun  bekong. Tukang warung nyiuk wedang, dikucurkeun kana bekong. Disodorkeun ka nu limaan, sabekong sewang. Seungit wedang melenghir, haseupna ngelun tina unggal bekong.

“Ke, ari nu kamari ka mana?” ceuk Asmita pangguran nanya ka tukang warung, tuluy niupan wedangna.

“Saha?”

“Anu tunggu warung. Ning beda jeung nu kamari mah.”

Tukang warung silih reret jeung pamajikanana.

“Giliran jaga warungna. Nu kamari mah mulang heula, reureuh.”

“Kitu, nya? Tapi nu kamari mah siga lain nu pacabakanana ngawarung,” ceuk Asmita.

“Anyar keneh.”

“Urang mana?” Atus  mairan.

“Urang dieu,” ceuk tukang warung bari ngasurkeun seuneu.

Asmita rek nanya deui, ngan Aki Jaya ngadehem bari mere tanda sangkan ulah tatanya deui. Asmita nurut, lalaunan nyuruput wedangna. Wedang haneut nu semu amis ngageleser kana tikorona, terus mapay kana peujit. Haneut. Nu sejen oge tingsuruput kana bekongna sewang-sewang. Narimateun pisan.

Tukang warung ngasong-ngasongkeun beubeutian, deungeunna kere lauk, lauk walungan, nu geus meunang ngahaneutkeun jeung rendos cengek. Aki Jaya, Asmita, Atus, Gingn jeung Suba, dalaharna rada rarewog, sapeupeuting teu karaban nanaon sarta tas nyorang lalampahan bari jeung bebelesatan lumpat. Mun tadina teu asak latihan mah kana mopo.

Sabot dadaharan teh taya nu nyarita. Tukang warung jongjon ngaguis-guis wedangna nu geus rada kimpel, tereh jadi gula. Ari pamajikanana nyeupan beubeutian jeung manggang kere lauk, cacapitna make awi. Dibulak-balik sangkan henteu tutung. Di jero warung karasa haneut.

“Teu riweuh ayeuna mah,” ceuk tukang warung ngamimitian nyarita.

“Riweuh kumaha kitu?” ceuk Aki Jaya.

“Loba perjurit balawiri. Siga aya nu diteangan jeung diudag. Apan opat urang mah cilaka di leuwi. Atuda make rakit nu tacan anggeus, atuh ucutan.”

“Katulungan?”

“Nu jelas mah opatanana ngajoprak handapeun rungkun awi.”

“Kira-kira ngudag jeung neangan saha?” Aki Jaya nanya deui.

“Teu apal.”

“Kungsi nu anyar pinanggih nyimpang ka warung?” Asmita milu nanya.

“Sarua teu apal. Apan kami mah teu nungguan warung, karek ayeuna,” tembal tukang warung.

 “Enya, nya,” ceuk Asmita bari seuri. ”Aeh, ari di dieu paranti mandi di mana? Cinyusu.”

“Tuturkeun wae jalan nu dibalay batu, nujul ka sisi walungan. Handapeun calingcing aya lombang, caina cinyusu. Di dinya geus aya sisiuk,” ceuk tukang warung.

“Tara loba jalma?”

“Tara, urang lembur mah tara marandi di dieu. Sok dipake ku semah, ngahaja nyadiakeun keur semah,” ceuk tukang warung.*** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x