Puguh wae Atus ngagurubug, kageteun. Ngagentak malik ka tukangeunana. Saurang lalaki nu mawa buntelan geus nagog tukangeunana bari mencrong ka lalaki nu tiluan nu angger nyarekel pedang. Ditelek-telek siga lalaki nu tadi di warung ngetruk-ngetruk kendi nu saterusna lelenggutan nundutan. Kaluar ti warung sanggeus ngadenge sora nu laleumpang.
“Anu perlu dibantu?”
“Kami kudu sagancangna meruhkeun eta nu tiluan.”
“Sababna?”
“Keur ngudag-ngudag urang kulon,” tembal eta lalaki. “Tapi meruhkeunana tong ditaragal, bongohan wae.”
“Naha?”
“Ambeh teu cape,” ceuk eta lalaki deui.*** Nyambung