“Bera oge laukna,” ceuk nu make totopong bari seuri.
“Kabeneran wae. Laukna masih keneh caricing dina liang, tacan mangsana liar nyiar kahakanan,” tembal Atus.
”Palika, nya? Sok teuleum,” ceuk nu make totopong.
“Tacan kagolongkeun palika,” tembal Atus bari seuri. Gek diuk dina jojodog hareupeun hawu. Ayakanana ditunda kencaeunana.
Baca Juga: Citarum Tempatna Nguniangna Peradaban Sunda jeung Ngadegna Karajaan Tarumanagara
Pamajikan tukang warung ngawadahan uyah beuleum dina batok demprak sarta nyokot piring badag keur wadah beuleum lauk. Diasongkeun ka Atus. Ku Atus ditampanana. Batok jeung piringna ditunda gigireun katuhuna. Basa Atus keur mulak-malik beuleum lauk, kadenge sora manuk tuweuw hawar-hawar.
Anu tiluan curinghak. Papelong-pelong. Laju nangtung.
“Kami indit heula. Ke ka dieu deui,” ceuk nu pangkolotna bari ngusiwel kana kanjut kundangna, ngaluarkeun duit perak, sok diasongkeun ka tukang warung. “Engke utang-itungna mah.”
“Engke wae atuh,” ceuk tukang warung.
“Keun wae,” tembal nu pangkolotna. Duitna ditunda dina tungtung meja beulah ditu lantaran tukang warung teu nyampeurkeun. Ngalieuk ka Aki Jaya. “Kami amit heula,” pokna deui.