“Aya halangan-harungan kitu? Pedah urang kaler keur ngajugjug ka kulon.”
“Kami yakin moal tepi ka kapanggih ku urang kaler,” tembal nu pangkolotna.
“Kumaha urang kudu balik deui ka ditu?” ceuk make totopong.
“Kudu,” tembal nu pangkolotna.
Jep teu ngaromong deui. Aki Jaya nu ti tadi ngadedengekeun asa gantung ceuli. Panasaran saha sabenerna eta nu tiluan teh: naha aya patalina jeung pancen dirina? Naha lawan atawa balad? Atawa boga maksud mandiri? Ku obrolan semet kitu mah tacan bisa ngabade saha-sahana. Ari rek nanya bisi ituna curigaeun.
Tukang warung jeung pamajikanana oge bari sagawe-gawe teh kacirina siga kawas Aki Jaya: ngabandungan obrolan nu tiluan. Malah mah mindeng ngareretan ka nu tiluan. Ngan anu tiluan kawas nu teu engeuh. Siga teu ngarasaeun diperhatikeun jeung henteu tembong curiga ka Aki Jaya jeung ka tukang warung. Riukna ti barang datang angger teu robah.
Di hawu tapas geus ruhay, ku tukang warung diguarkeun kana hareupeun hawu.
“Rek meuleum naeun?” ceuk nu pangkolotna ka tukang warung.
“Lauk,” tembal tukang warung.