Putri Anjungsari (39) Maharaja Sakti Miang ka Kabuyutan Linggahyang, Seja Ngalap Kaweningan Prabu Linggabuana

- 26 Februari 2023, 05:30 WIB
Batu Lingga di Astana Gede Kawali, tempat dipusarakeunana lebu Prabu Lingggabuana nu gugur di Bubat Majapahit.
Batu Lingga di Astana Gede Kawali, tempat dipusarakeunana lebu Prabu Lingggabuana nu gugur di Bubat Majapahit. /Nanang S/Galura

 

KA nu ngungsi nu ayeuna mah ku Maharaja Sakti leuwih diperhatikeun. Kituna teh lantaran nu ngungsina putri karaton. Najan anu ngawalna ti Pajajaran prajurit pilihan nu geus asak pangalaman, boh dina pangperangan boh dina ngatur siasat, Maharaja Sakti ngiangkeun tokoh-tokoh sakti pikeun mapagkeun jeung ngamankeunana.

“Ceuk itungan mah kudu geus tepi ka Citarum,” ceuk Maharaja Sakti dina hatena bari panonna angger neuteup ka alun-alun nu geus mimiti paroek. Anu dimaksud nu geus tepi ka Citarum teh nu ngarungsi ti Pajajaran. Pasarandogna jeung nu mapagkeun, masih keneh ceuk itungan Maharaja Sakti, teu pati jauh ti Citarum.

Meh bareng jeung barijilna lalay, Maharaja Sakti cengkat. Nangtung, babatek, ngelempengkeun cangkengngna. Bus ka jero. Palita di sababaraha hiji geus caraang, di ruangan nu masih keneh dipake. Lolobana mah ruangan-ruangan di Karaton Surawisesa teh geus henteu digunakeun jeung henteu dipiara.

Baca Juga: Putri Anjungsari (38), Di Karaton Surawisesa, Maharaja Sakti Nyoreang Sejarah Luluhurna

Maharaja Sakti leuwih merhatikeun kahirupan rahayatna batan ngarumat Karaton Surawisesa. Tambah deui, Maharaja Sakti teu mibanda waragad nu cukup. Pikeun ngarumat karaton nu sakitu badagna merelukeun welasan jalma, tacan keur oma-omena. Ari nu nyicinganana ukur sababaraha urang.

Karaton Surawiesa teu kawas waktu Kawali masih keneh puseur Karajaan Galuh jeung puseur Karajaan Galuh Sunda, babakuna jaman Prabu Wastu Kancana, jaman gilang-gumilangna Galuh Sunda. Ceuk carita nu kadenge ku Maharaja Sakti, Karaton Surawisesa, lian ti pinuh ku komara, oge beurang peuting haneuteun.

Anu ngarungsi ti Pajajaran oge ku Maharaja Sakti moal ditempatkeun di Karaton Surawisesa tapi sina di pilemburan, di wewengkon nu kaereh ka Panjalu. Lain embungeun kacicingan, ngan bisi kaambeu ku urang Cirebon nu beuki dieu beuki loba wae nu daratang ka Kawali. Najan lolobana mah daragang, Maharaja Sakti yakin eta teh telik sandi.

Di hareupeun pangkengna, Maharaja Sakti ngarandeg. Panto pangkeng lalaunan dibuka, bus asup. Teu lila geus kaluar deui. Sirahna dibaguded totopong badag. Jalan tukang, Maharaja Sakti kaluar ti karaton. Sanggeus bebeja ka jagabaya nu cicing di wangunan leutik, luareun karaton, Maharaja Sakti leumpang ka beulah kidul.

Baca Juga: Karajaan Rajagaluh Jaman Prabu Cakraningrat Dipedar dina Babad Cirebon

Peuting ieu, Maharaja Sakti ngarasa kudu  aya di Kabuyutan Linggahyang, hayangeun ngawangkong jeung sesepuh jeung hayangeun mujasmedi di hareupeun tutunggul tempat nyimpen lebu Prabu Linggabuana, luluhurna nu gugur di Lapang Bubat Majapahit. Maharaja Sakti hayangeun ngalap kaweningan Prabu Linggabuana.

Indit ka Kabuyutan Linggahyangna teh leumpang, henteu tumpak kuda. Ti Karaton Surawisesa ka Linggahyang henteu jauh, kajaba ti kitu henteu rusuh jeung hayangeun nyeuseup hawa peuting. Ongkoh sakalian bari ngaroris kaayaan, bisi aya nanaon, najan prajuritna unggal peuting ngaronda.

Ti peuting paraprajuritna leuwih ngahangkeutkeun ngurilingan sabudeureun Karaton Surawisesa jeung ka pilemburan babakuna nu deukeut ka tapel wates jeung Talaga, babarengan jeung urang Panjalu. Ngan henteu nembongkeun prajurit, siga masarakat biasa, henteu samagreng ku pakarang, teu make baju prajurit.

Maharaja Sakti jeung raja Panjalu hariwangeun bisi urang Cirebon ujug-ujug ngarurug Kawali jeung Panjalu, najan ceuk kayakinan duanana, Cirebon moal tepi ka ngarurug. Prajuritna nempo aya tanda-tanda loba pasukan Cirebon nu rek asup ka wewengkon Kawali, kudu gancang ngabejaan.

Baca Juga: Karajaan Ragaluh nu Diadegkeun ku Dewa Niskala, ceuk Kuncen Leuweung Prabu Siliwangi, Lain Dongeng

Boh Maharaja Sakti boh raja Panjalu mun tea mah Cirebon ngiangkeun pasukanana keur ngarebut Kawali jeung Panjalu, moal ngeprik prajuritna. Pasukan Cirebon moal disanghareupan ku kakuatan militer. Masing kumaha wae oge Kawali jeung Panjalu moal kuateun nadah panajarang Cirebon nu teu weleh dibantuan ku Demak.

Anu rek disinglarna teh: rahayat ulah tepi ka jaradi korban. Mun tea mah Kawali jeung Panjalu tepi ka ditalukkeun ku Cirebon, kahirupan rahayat ulah tepi kaganggu. Angger saperti biasa. Malah kudu leuwih ngaronjat, sabab hubungan jeung Cirebon dina hal dagang bisa leuwih lancar. Eta nu rek ditarekahan ku Maharaja Sakti jeung raja Panjalu teh.

Soal dirina henteu jadi raja deui, teu jadi pasualan. Duanana sadar di dunya moal aya nu lana. Karajaan Galuh-Sunda nu meh salapan abad nanjeur, Majapahit oge teu wanieun ngarurug Galuh-Sunda, apan beuki deui beuki muguran. Wilayahna nungtutan mareplek. Kakawasaanana ukur semet puseur dayeuh Pakuan Pajajaran.

Geus kitu kuduna, geus kitu jalan caritana, moal bisa dihalangan, moal bisa diulah-ulah, moal bisa dipikaembeung. Kitu ceuk para pini sepuh Kawali jeung Panjalu. Anu perlu dijaga jeung diperhatikeun ku Maharaja Sakti jeung raja Panjalu teh: kapentingan jeung kasalametan rahayat. Demi rakyat, raja kudu rela jadi korban.

Maharaja Sakti jeung raja Panjalu saenyana mah kumejot pisan hayang mantuan Prabu Nusia Mulya, hayang mawa pasukanana ka Pakuan Pajajaran, komo deui Maharaja Sakti mah dilahirkeun jeung digedekeun di Pakuan Pajajaran. Ngan ku Prabu Nusia Mulya dihulag, kitu deui ku para pini sepuh. *** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x