Putri Anjungsari (39) Maharaja Sakti Miang ka Kabuyutan Linggahyang, Seja Ngalap Kaweningan Prabu Linggabuana

- 26 Februari 2023, 05:30 WIB
Batu Lingga di Astana Gede Kawali, tempat dipusarakeunana lebu Prabu Lingggabuana nu gugur di Bubat Majapahit.
Batu Lingga di Astana Gede Kawali, tempat dipusarakeunana lebu Prabu Lingggabuana nu gugur di Bubat Majapahit. /Nanang S/Galura

 

KA nu ngungsi nu ayeuna mah ku Maharaja Sakti leuwih diperhatikeun. Kituna teh lantaran nu ngungsina putri karaton. Najan anu ngawalna ti Pajajaran prajurit pilihan nu geus asak pangalaman, boh dina pangperangan boh dina ngatur siasat, Maharaja Sakti ngiangkeun tokoh-tokoh sakti pikeun mapagkeun jeung ngamankeunana.

“Ceuk itungan mah kudu geus tepi ka Citarum,” ceuk Maharaja Sakti dina hatena bari panonna angger neuteup ka alun-alun nu geus mimiti paroek. Anu dimaksud nu geus tepi ka Citarum teh nu ngarungsi ti Pajajaran. Pasarandogna jeung nu mapagkeun, masih keneh ceuk itungan Maharaja Sakti, teu pati jauh ti Citarum.

Meh bareng jeung barijilna lalay, Maharaja Sakti cengkat. Nangtung, babatek, ngelempengkeun cangkengngna. Bus ka jero. Palita di sababaraha hiji geus caraang, di ruangan nu masih keneh dipake. Lolobana mah ruangan-ruangan di Karaton Surawisesa teh geus henteu digunakeun jeung henteu dipiara.

Baca Juga: Putri Anjungsari (38), Di Karaton Surawisesa, Maharaja Sakti Nyoreang Sejarah Luluhurna

Maharaja Sakti leuwih merhatikeun kahirupan rahayatna batan ngarumat Karaton Surawisesa. Tambah deui, Maharaja Sakti teu mibanda waragad nu cukup. Pikeun ngarumat karaton nu sakitu badagna merelukeun welasan jalma, tacan keur oma-omena. Ari nu nyicinganana ukur sababaraha urang.

Karaton Surawiesa teu kawas waktu Kawali masih keneh puseur Karajaan Galuh jeung puseur Karajaan Galuh Sunda, babakuna jaman Prabu Wastu Kancana, jaman gilang-gumilangna Galuh Sunda. Ceuk carita nu kadenge ku Maharaja Sakti, Karaton Surawisesa, lian ti pinuh ku komara, oge beurang peuting haneuteun.

Anu ngarungsi ti Pajajaran oge ku Maharaja Sakti moal ditempatkeun di Karaton Surawisesa tapi sina di pilemburan, di wewengkon nu kaereh ka Panjalu. Lain embungeun kacicingan, ngan bisi kaambeu ku urang Cirebon nu beuki dieu beuki loba wae nu daratang ka Kawali. Najan lolobana mah daragang, Maharaja Sakti yakin eta teh telik sandi.

Di hareupeun pangkengna, Maharaja Sakti ngarandeg. Panto pangkeng lalaunan dibuka, bus asup. Teu lila geus kaluar deui. Sirahna dibaguded totopong badag. Jalan tukang, Maharaja Sakti kaluar ti karaton. Sanggeus bebeja ka jagabaya nu cicing di wangunan leutik, luareun karaton, Maharaja Sakti leumpang ka beulah kidul.

Baca Juga: Karajaan Rajagaluh Jaman Prabu Cakraningrat Dipedar dina Babad Cirebon

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x