Putri Anjungsari (31), Anjog ka Pameuntasan Citarum, Bena Lengiteun Laratan Putri Anjungsari

- 18 Februari 2023, 05:30 WIB
/

Anjog ka sisi walungan pameuntasan, alatan geus sareupna henteu pati rame. Parahu dicarangcang di sisi walungan, lolobana karosong. Muatanana geus diakut ka pilemburan nu aya di pagunungan.

Sababarah hiji parahu muatanana teh daun tarum nu engkena dipake keur ngawarnaan kaen. Tangkal tarumna diparelakna di sapanjang wewengkon sisi walungan. Meureun eta sababna walunganana dingaranan Citarum.

Rakit ngajajar, tukang rakitna dariuk teu jauh ti sisi walungan. Di sisi walungan beulah ditu oge tembong sababaraha hiji rakit, ditambat dina darmaga.

Taya nu meuntas, meureun pedah geus sareupna, keur padumuk nu tadina kaereh ka Karajaan Galuh atawa ka Karajaan Sunda pantrang indit-inditan atawa ngalaksanakeun pagawéan. Sanggeus sareupna karek  migawe deui hancana masing-masing, sakalian sangkan henteu sare sore-sore.

Warung mah baruka keneh, masih keneh loba nu dariuk bari barangdahar. Bena neangan warung anu sakira dipake reureuh ku Putri Anjungsari, Ranah, jeung Olot Kaya. Tapi dipapay ka unggal warung weleh teu manggih tiluanana.

Antukna blus ka hiji warung anu rada jauh ti darmaga, warung nu pangahirna dipapay. Kudana ditunda di tempat anu geus disadiakeun ku tukang warung. Rada anggang, ngan tembong ti jero warung, sabot dadahar teh bisa bari ngawaskeun kuda.

“Sampurasun,” ceuk Bena bari asup ka jero warung.

“Rampes,” tembal tukang warung.

Ukur aya limaan nu keur dariuk di dinya teh, lalaki kabeh, keur ngalobrol uplek pisan, sakapeung mah ting baratak seuri. Bena diukna dina bangku nu masih kénéh kosong, nyanghareupan bale-bale nu dijieun tina awi.

Dina bale-bale ngajagrag kendi jeung bekong paranti nginum nu dijieun tina batok kalapa, aya oge nu dijieun tina ruas awi.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x