Putri Anjungsari (31), Anjog ka Pameuntasan Citarum, Bena Lengiteun Laratan Putri Anjungsari

- 18 Februari 2023, 05:30 WIB
/

Bena malik ka Rait. “Aka ti heula, dia nyusul,” pokna bari ngareret ka Suba, malik deui ka Rait bari panonna keukeureuceuman.

“Engke panggih di mana?” ceuk Rait.

“Di warung. Teangan wae engke, ngan ulah nyurigakeun,” tembal Bena bari ngeyed eles kudana. Beretek kudana lumpat, mapay jalan nu mudun.

Rait ngalieuk ka Suba. ”Aka ti heula,” pokna.

Suba ukur seuri. Babatek laju ngalengkahkeun sukuna. Ku sabab mudun, Suba rada lumpat malah mah acleng-aclengan, ngan mindeng ngarandeg. Kuda nu ditumpakan ku Rait jeung Bena mah geus teu katempo.

Kungsi ngadenge kuda hihieman. Ngan diilikan teh taya nu numpak kuda, boh nu papaliwat boh nu ti tukang. Mindeng deuih kadenge sora nu ngorosok, ngan ku Suba dianggap sato nu kagebah.

Bena sanggeus jauh ti tempat tadi eureun, pangangguran nitenan jalan nu diliwatanana. Bena heraneun pisan sabab tapak anyar talapok kuda, tapak nu karek ngaliwat, henteu loba.

Diitung-itung teh ukur tapak dua kuda. Apan nu anyar ngaliwat ka ieu jalan mah tiluan, Putri Anjungsari, Ranah jeung Olot Kaya. Ka mana saurang deui?

Boa-boa Putri Anjungsari…..gerentes Bena. Kudana leuwih dilumpatkeun, bari angger sok nitenan kaayaan jalan. Beuki deukeut ka sisi walungan oge angger tapak anyar talapok kuda teh henteu leuwih ti dua.

Geus rek anjog ka sisi pameuntasan mah ku sabab tapak kudana loba Bena henteu bisa deui mastikeun sabaraha hiji kuda nu anyar ngaliwat.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x