Putri Anjungsari (22), Reureuh di Imah Anak Prajurit Pajajaran nu geus Ganti Ageman

- 9 Februari 2023, 05:30 WIB
/

GEUS  kitu, bari angger nagog, Putri Anjungsari ngalaan bajuna, disampaykeun kana pipinding tampian. Awakna nu pakulitanana konéng umyang téh dideukeutkeun kana pancuran.

Putri Anjungsari rada lila mandina téh, ngusey, malah mah kuramas sagala. Réngsé mandi, jeung geus disalin, Putri Anjungsari ngageroan Ranah nu keur nangtung nukangeun teu jauh ti tampian.

Ranah muka endongna, nyokot cepuk leutik sarta nyampeurkeun Putri Anjungsari. Dampal leungeun Putri Anjungsari tepi ka siku jeung dampal suku Putri Anjungsari tepi ka tuur dibaluran.

Kitu deui pipi, tarang, tenggek, dada, jeung ceuli Putri Anjungsari. Dina waktu teu lila kulit anu dibaluran téh robah, kacirina henteu konéng umyang, tapi semu hawuk, ngan mun dirampa mah bakal angger lemes.

Bérés dibaluran, Putri Anjungsari hanjat, sarta nangtung teu jauh ti tampian. Ranah mandina henteu jongjon lantaran kudu nalingakeun Putri Anjungsari, meusmeus-meusmeus ngarérét Putri Anjungsari nu katempo angger waspada, malah patrémna ogé dicecekel kénéh, tacan diselapkeun kana gelungna.

Ranah mandina henteu lila, padu baseuh sigana téh, najan sempet kénéh dikasay jeung ngosok huntu.

Réngsé mandi, duanana ka tempat diuk tadi. Béna keur nangtung teu jauh ti saung balong. Ari Hasan mah henteu katempo. Ngan teu lila bijil ti saung balong.

Béna ngarérét ka lebah kuda. Barang nempo Putri Anjungsari jeung Ranah geus dariuk deui dina urutna, Béna nyampeurkeun dituturkeun ku Hasan.

“Hayu atuh, bisi peuting teuing,” ceuk Hasan.

“Meunang tumpak kuda?” ceuk Béna.
“Leumpang waé, teu jauh. Kuda nu hiji ku kula dibawa,“ témbal Hasan.

Opatan leumpang patutur-tutur mapay jalan satapak. Kudana ditarungtun. Panghareupna Hasan bari nungtun kuda, dituturkeun ku Ranah, ngan rada anggang ti Hasan, tukangeunana Putri Anjungsari nu ayeuna mah bari nungtun kudana.

Pangtukangna Béna. Leungeun katuhuna angger nyenyekel pangpung. Béna, Putri Anjungsari, jeung Ranah angger waspada. Ranah nalingakeun Hasan, bisi Hasan némbongkeun galagat picurigaeun.

Jalan nu disorang teu pati nanjak, mun tumpak kuda ogé moal matak ngabahlakeun. Pungkal-péngkol, malibir sisi gawir nu teu luhur. Taya nu nyarita saurang ogé.

Sabot nalingakeun kaayaan téh pikiran Béna teu weléh inget ka Olot Kaya jeung Rait. Najan duanana dina lebah kanuragaan mah lain énténg-énténg pikeun diperuhkeun, Béna hariwangeun Olot Kaya jeung Rait meunang balai.

Teu sabaraha lilana, sanggeus béak tanjakan nu kawilang mayat, anjog ka lahan datar nu lega. Jalanna rada rubak jeung dibalay ku batu demprak. Nu pangheulana panggih téh huma nu sisi beulah wétanna rajeg ku tatangkalan,

Béak huma, leuit nu ukuranana rada badag. Di hareupeun hiji imah panggung nu pakaranganana kawilang lega, Hasan ngarandeg.

“Omah kula,” pokna bari méngkol asup ka pakarangan. Kudana dibawa ka pipir imah. “Tunda heula di dieu kudana,” pokna deui.

Putri Anjungsari, Béna jeung Ranah nunda kudana séwang-séwangan di gigireun kuda nu tadi dibawa ku Hasan. Tiluanana laju nuturkeun Hasan nu leumpang deui ka pakarangan hareup.

“Yap, unggah,” ceuk Hasan bari nété golodog.

Imahna téh dijieun tina awi, awi gombong. Tepas imahna téh ngablag, beulah hareup jeung gigir katuhuna henteu maké bilik, ukur dipipindingan handapna nu luhurna semet tuur kolot. Palupuhna semu hideung ngan geus hérang.

Beulah kéncana pangkéng. Ari ka dituna mah, lempeng jeung golodog, panto nu dijieun tina kai, lawang asup ka patengahan. Waktu Putri Anjungsari, Béna, jeung Ranah unggah pantonna téh nutup.

Putri Anjungsari emokna di juru katuhu, deukeut tihang, Ranah gigireunana. Ari Béna teu jauh ti golodog. Waktu Hasan muka panto, ku Béna katempo ti patengahan palita nyenét.

Teu lila Hasan ngurunyung bari mawa kendi jeung emuk nu dijieun tina batok. Song diteundeun di hareupeun nu tiluan. Kurunyung deui saurang wanoja nu pakéanana buni pisan, mawa rupa-rupa kadaharan, malah aya kéré sagala, dina cecempeh nu didamparan ku daun cau.

“Bojo kula,” ceuk Hasan.

Pamajikanana ukur unggeuk sarta basa ngarérét ka Putri Anjungsari jeung Ranah seuri leutik. Sanggeus amitan, bari dongko laju asup deui ka patengahan.

Hasan nuturkeun, jebulna deui mawa buah samolo nu diwadahan dina piring nu dijieun tina anyaman nyéré. Samolo nu asakna meujeuhna sarta siga nu kakara meunang ngala.


Putri Anjungsari, Béna jeung Ranah teu wudu kagéteun nempo susuguh nu sakitu lengkepna. Kawas geus disadiakeun saméméhna, kawas nu geus nyahoeun bakal kasémahan.

“Hémpék, lapar meureun. Tong asa-asa,” ceuk Hasan.

Putri Anjungsari ngarérét ka Béna. Béna ngarérét ka Ranah. Béna jeung Ranah silihteuteup. Taya nu nyarita. Putri Anjungsari mah mencrong kana kadaharan nu ngabarak hareupeunana.

“Hih, kalah ka tingharuleng,” ceuk Hasan bari ngarongkong emuk. Cai tina kendi dicikikeun kana emuk, leguk diinum.

Ku Béna ditempokeun sarta paroman Hasan ditelek-telek. Hasan nunda emukna, neuteup sakeudeung ka Béna. Béna gancang nyokok emuk.

“Ditarima. Amit,” pokna bari nyaian emukna tina kendi. Saeutik jeung henteu langsung diinum, tapi diicip-icip heula, bari dirarasakeun dina tungtung létahna.

Karérét ku Putri Anjungsari, Hasan seuri leutik. Hasan terus rasa, ngalieuk ka Putri Anjungsari. Paadu mata, ngan Putri Anjungsari gancang ngabalieus ka lebah Béna nu keur angger tacan ngaleguk nginum.

Béna nyicikeun deui cai tina kendi kana emukna. Ayeuna mah caina rada loba sarta henteu asa-asa langsung dileguk, henteu kawas tadi. Béna ngagésérkeun kendi jeung emuk sina deukeut ka Ranah jeung ka Putri Anjungsari.

Ranah nyicikeun cai, waktu rék diasongkeun ka Putri Anjungsari, Béna ngadéhém. Ranah ngarti, gancang emukna dipéngkolkeun ka lebah bahamna, diinum. Putri Anjungsari ngarenyu, ari Hasan katempo rada colohok nempo peta Ranah kitu.

Dibarengan ku Hasan, tiluanana dahar. Hasan, méméh dahar téh kunyam-kunyeum heula sakeudeung. Kitu deui Putri Anjungsari, Béna jeung Ranah.

Sabot dahar téh taya nyarita saurang ogé. Bérés dahar, kadaharan nu masih nyésa henteu dibawa ka jero, pamajikan Hasan ukur mérésan cangkang beubeutian dibantuan ku Putri Anjungsari jeung Ranah. Buah samolona ditambahan, najan nu tadi disuguhkeun tacan aya nu mesék.

“Susuguh dia katarima pisan,” ceuk Béna ngamimitian ngajak nyarita.

“Hampura, saaya-aya. Teu apal arék aya sémah. Teu kaburu ngala lauk lalawak,” ceuk Hasan.

Ngadéngé Hasan nyebut lalawak, Putri Anjungsari, Béna jeung Ranah curinghak. Lalawak téh lauk karesep urang Pakuan Pajajaran. Di karaton méh unggal poé aya pasakan lauk lalawak.

Hartina, ieu jalma apal ngeunaan Pakuan Pajajaran, gerentes Béna, bari neuteup Hasan. Ras inget kana omongan Hasan waktu tadi ngawangkong tepung di sisi balong nu nyebutkeun tina réngkak paripolah Béna apal ti mana asalna.

“Ké, ari dia saha sabenerna?” ceuk Béna.

“Ayah kula prajurit Pakuan Pajajaran,” témbal Hasan.

Putri Anjungsari, Béna jeung Ranah ngaranjug.

“Masih aya kénéh dikieuna?” ceuk Bena.

“Saacan kolot pisan, eureun jadi prajurit, sikuna jadi rada kéngkong alatan waktu lumpat ngudag urang Carbon labuh kana batu. Terus tatanén. Molah huma bogana karaton. Kula ogé sok mantuan. Sababaraha kali tepung jeung salahsaurang putri karaton nu diajak ulin ku embanna ka sisi huma. Harita éta putri téh leutik kénéh,” ceuk Hasan bari ngarérét ka Putri Anjungsari.

Béna ngalieuk ka Putri Anjungsari. Putri Anjungsari katempo semu rada kagéteun ngadéngé caritaan Hasan.

“Tapi ngaran dia ningnang pisan jeung karéréanana ngaran lalaki di Pakuan Pajajaran?” Béna nanya deui.

“Kula henteu terus mantuan ayah. Kula nyaba ka Sunda Kalapa milu jeung kapipaman, diajar dagang,” ceuk Hasan, ”Ayah kula, ceuk béja mah geus tilar. Ti saprak ka Sunda Kalapa ukur dua kali ngalongok ayah, hésé asup ka Pakuan Pajajaran téh da keur dikepung ku urang Banten.”

“Ari ngaran Hasan paméré ti bapa dia?”

“Di Sunda Kalapa, kula boga kawawuhan umurna sapantar jeung ayah, urang Keling. Manéhna ngajarkeun ageman nu loba saruana jeung ageman kula. Malah ceuk pangrasa mah ageman kula méméhna disampurnakeun ku ageman nu diwanohkeun ku éta urang Keling. Kula pindah ageman, ngaran diganti.”

“Nahan diganti?”

“Ngarah gembleng.”

“Ari dumuk di dieu geus lila?” ceuk Béna nyusul tepus. Ari Putri Anjungsari jeung Ranah ukur ngabandungan.

“Tacan pati lila.”

“Geus teu dagang deui di Sunda Kalapa?”

“Angger dagang, ngan dipercayakeun ka anak paman kula. Pindah ka deui asa teu betah cicing di Sunda Kalapa.”

“Naha?” Béna nanya deui.

Hasan ngarénghap panjang.

“Kula meunang carita ngeunaan Sunda Kalapa,” pokna. ”Horéng meunang ngarebut ti Pajajaran.”*** (Hanca)

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x