Carnyam Putri Anjungsari (65), Di Huma Sabot Reureuh Panggih jeung Patani nu Waweuheun ka Urang Pajajaran

24 Maret 2023, 03:01 WIB
Pare nu dipanen di huma. Digeugeusan, sarta dipoena digantung-gantungkeun. /Nsanang S/Galura

 

WANCI tengah poe anjog ka pahumaan nu anyar keneh dipanen. Rareureuh heula. Putri Anjungsari diuk di handapeun saung ranggon nu rada jauh ti sisi jalan   sarta ti sisi jalan teu katempo lantaran kahalangan ku tatangkalan. Bena jeung Rait mah dariuk rada anggang ti Putri Anjungsari, bari jeung tetep ariat.

“Olot Kaya jeung Ranah di marana keneh, nya?” ceuk Rait ngamimitian nyarita, sorana halon.

“Bisa jadi geus tepi ka mana,” tembal Bena bari seuri.

“Miheulaan urang?” ceuk Rait deui.

“Enya.”

“Moal meunang balai mah?”

“Ari meunang balai mah moal, kawasna,” tembal Bena bari ngareret Anjungsari nu panonna peureum.

“Kira-kira tepi ka Kawali iraha?”

“Tereh kawasna. Moal manggih deui halangan-harungan. Geus jauh ti Pakuan.”

“Moal aya usung-esang Carbon atawa Banten? Atawa telik sandina?”

“Ceuk pangrasa mah moal aya. Urang Galuh moal cidra najan geus pindah ageman. Apan ceuk Hasan oge ageman moal ngalantarankeun pejahna tatali batin.”

“Enya. Urang oge aya wae nu nulungan jeung ngabantuan,” ceuk Rait.

Bena nyerengeh. Panonna ngalieuk ke lebah kuda nu keur nyatuan jukut. Bangun rampus pisan nyatuna teh, ongkoh deui tali elesna dialaan.

“Ra, bisi rek sare sakerejep mah. Keun Aka nu jaga,” pokna.

Rait ukur seuri, goledag ngedeng, sirahna diganjel ku dua leungeunna. Tapi rek pisan ngalenyap, kadenge kudu hihieman. Rait cengkat, katempo kuda keur darangah, siga aya pibahlaeun. Rait nangtung gigireun Bena nu geus ti heula nangtung. Putri Anjungsari oge ngulisik, terus hudang bari rada rucang-riceng.

Ti jalan satapak ti beulah kidul, ngurunyung awewe saurang, budak leutik jeung lalaki saurang. Budak lalaki make mah totopong, ari nu lalaki jeung nu awewe make dudukuy cetok. Barang deukeut jajalaneunana teu jauh ti kuda opat, tur kudana jarangkung, tiluanana ngarandeg, malah nu budakna mah murungkut nyekelan leungeun bapana.

Bena, jeung Rait nyampeurkeun kudana, laju ditungtun rada ngajauhan jajalaneun, dibawa kana jukut nu leuwih hejo. Tapi nu lalaki jeung nu awewe, duanana umurna saluhureun Bena, kalah ka mencrong ka Bena jeung ka Rait. Bena jeung Rait unggeuk bari seuri. Bena leumpang ngadeukeutan

“Amit, kami milu reureuh di dieu…,” ceuk Bena rengkuh. Bena yakin maranehna teh pribumi.

“Rampes, Ki Silah. Empek wae, reureuh di dieu mah,” tembal nu lalaki.

“Matur nuwun,” ceuk Bena. “Daria rek ka mana?”

“Mulang ti huma beulah ditu.”

“Ari ieu huma saha?”

“Huma garapan kami.”

“Hampura, kami teu bebeja heula, reureuh di dieu.”

“Teu nanaeun. Kami mah ukur molah, da huma, tatangkalan, pare, lain nu kami, tapi kabeh oge Anu Maha Kawasa,” tembal nu lalaki bari seuri.

Bena unggut-unggutan.

Nu lalaki ngalieuk ka lebah saung ranggon.

“Ari itu saha?” pokna.

“Eu...eu… dulur kami,” tembal Bena rada araap-eureupeup.

“Geuning teu dibaturan?”

“Kami ngangin heula,” tembal Bena tatag.

“Meunang kami ka saung ranggon? Bisi ngaganggu.”

“Moal ngaganggu. Atoh nu aya, nambahan babarayaan. Aeh, apan ranggonna oge nu dia,” ceuk Bena bari seuri.

Limaan patutur-tutur arasup ka saung ranggon. Dariuk ngariung. Nu lalaki jeung nu awewe sok maling-maling neuteup Putri Anjungsari nu pakulitanana tacan kaburu diropea ku Ranah sangkan teu nembongkeun putri karaton. Sakapeung nitenan Bena jeung Rait. Kawasna keur ngabanding-bandingkeun.

“Aria daria teh rek ka mana?” ceuk nu lalaki.

“Kami deuk ka Kawali. Asal ti kulon,” tembal Bena.

“Jauh temen. Beurang peuting lumampah?”

“Beurang jeung peuting taya bedana keur kami mah,” tembal Bena.

Nu lalaki neuteup Bena.

“Hampura kami teu bisa nyuguhan. Nyimpang heula atuh ka imah kami. Teu jauh ieuh.”

“Hampura, kawasna moal bisa sumarimpang. Nuhun kana pangangken dia,” tembal Bena.

“Rusuh, nya?” ceuk nu lalaki.

Bena, jeung Rait seuri. Kitu deui Putri Anjungsari nu tacan nyoara pisan. Ngan ari panonna mah maling-maling mencrong ka duaanana. Keur kitu, kadenge sora kuda ngaberetek ditegarkeun. Holna ti kulon. Tina sora talapokna, kudana teh leuwih ti hiji. Enya wae, tina sela-sela kakayon kuda nu dilumpatkeunana aya lima, ngan nu tarumpakna teu pati atra.

Nu boga huma, nu lalakina, ngadadak panonna rada buringas sarta neuteup seukeut ka Bena. Puguh wae Bena, Rait jeung Putri Anjungsari kageteun, sarta taraki-taki. Tapi nu boga huma henteu lila kituna teh, panonna balik deui ka asal. Malah mah paromanana leuwih marahmay, ka Putri Anjungsari siga nu ajrih.

“Ari nu duaan deui ka mana?” pokna, lalaunan.***Nyambung

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler