Putri Anjungsari (45), Sora Manuk Tuweuw nu Jadi Tanda Kajadian Aheng

4 Maret 2023, 05:30 WIB
Dyah Pitaloka, siwi Prabu Linggabuana nu gugur di lapang Bubat Majapahit. Foto tina instagram @ainusantara. /Nanang S/Galura

AKI Jaya merhatikeun eta tilu lalaki. Ditempo tina keureutan beungeutna, ulatna jeung tangtunganana mah teu beda jeung umumna padumuk Karajaan Sunda,  gerentes Aki Jaya. Lain urang kaler jeung lain urang wetan deuih. Anu tacan jelas teh semah ti nu jauh, kawas dirina, atawa lain. 

Nu tiluan teh sajongjongan taya nu nyarita. Jarongjon ngadahar buah samolo nu dipesek jeung dipangmasiankeun ku nu pangorana. Bangun lalapareun kawasna teh, eta wae buah samolo hiji ngan sakoteap geus beak, ngan henteu nyarokot deui. Sanggeus ngarinum, ngarongkong bubuy ganyol, dipesek lalaunan.

“Tacan aya tangara?” ceuk nu ditotopong bari angger mesek kulit ganyol.

“Puguh encan,” ceuk nu pangkolotna, umurna saluhureun Asmita.

“Ceuk itungan mah, poe kamari kudu geus tepi ka Citarum,” ceuk nu pangorana, umurna sapantar jeung Atus. “Ngan tacan aya iberna deui.”

“Kumaha mun teu kanyahoan ku urang?” ceuk nu ditotopong deui.

Baca Juga: Putri Anjungsari (44), Tukang Warung Lain Somahan, Tapi Menak nu Nyamur. Saha jeung Naon Maksudna?

“Ah, moal. Anu enggeus-enggeus oge apan tara luput tina panalingaan urang,” ceuk nu pangkolotna.

“Aya halangan-harungan kitu? Pedah urang kaler keur ngajugjug ka kulon.”

“Kami yakin moal tepi ka kapanggih ku urang kaler,” tembal nu pangkolotna.

“Kumaha urang kudu balik deui ka ditu?” ceuk make totopong.

“Kudu,” tembal nu pangkolotna.

Jep teu ngaromong deui. Aki Jaya nu ti tadi ngadedengekeun asa gantung ceuli. Panasaran saha sabenerna eta nu tiluan teh: naha aya patalina jeung pancen dirina? Naha lawan atawa balad? Atawa boga maksud mandiri? Ku obrolan semet kitu mah tacan bisa ngabade saha-sahana. Ari rek nanya bisi ituna curigaeun.

Baca Juga: Raja Sindangkasih, Nyi Rambut Kasih, ka Kuningan, Ngumaha Pedah Urang Cirebon Mamaksa Dirina Pindah Ageman

Tukang warung jeung pamajikanana oge bari sagawe-gawe teh kacirina siga kawas Aki Jaya: ngabandungan obrolan nu tiluan. Malah mah mindeng ngareretan ka nu tiluan. Ngan anu tiluan kawas nu teu engeuh. Siga teu ngarasaeun diperhatikeun jeung henteu tembong curiga ka Aki Jaya jeung ka tukang warung. Riukna ti barang datang angger teu robah.

Di hawu tapas geus ruhay, ku tukang warung diguarkeun kana hareupeun hawu.

“Rek meuleum naeun?” ceuk nu pangkolotna ka tukang warung.

“Lauk,” tembal tukang warung.

“Mana laukna?”

“Dikumbah keneh. Sakeudeung deui kawasna.”

“Loba laukna?”

“Saaya-aya meunang ngobeng.”

“Osok ngobeng kitu?”

“Meunang ngobeng semah,” tembal tukang warung bari ngareret Aki Jaya.

Baca Juga: Di Desa Nunuk Baru Rea Patilasan, Di antarana Makam Arya Saringsingan, Senapati Karajaan Talaga Manggung

Anu tiluan ngalieuk ka Aki Jaya. Aki Jaya unggeuk bari seuri. Nu tiluan oge sarua seuri, bari rada rengkuh, ngahormat, umur Aki Jaya leuwih ti saluhureunana. Ongkoh sorot panon Aki Jaya nembongkeun dirina lain jalma samanea.

Keur kitu Atus jeung Gingin asup ka warung. Gingin mawa ayakan eusina lauk meunang ngumbah, diamparan ku daun cau.

“Ku kami wae meuleumna,” ceuk Atus bari ngoreleng kana gigireun meja beulah kenca. “Sok leuwih nimat ngadahar beuleum lauk meunang meuleum sorangan teh.”

“Bera oge laukna,” ceuk nu make totopong bari seuri.

“Kabeneran wae. Laukna masih keneh caricing dina liang, tacan mangsana liar nyiar kahakanan,” tembal Atus.

”Palika, nya? Sok teuleum,” ceuk nu make totopong.

“Tacan kagolongkeun palika,” tembal Atus bari seuri. Gek diuk dina jojodog hareupeun hawu. Ayakanana ditunda  kencaeunana.

Baca Juga: Citarum Tempatna Nguniangna Peradaban Sunda jeung Ngadegna Karajaan Tarumanagara

Pamajikan tukang warung ngawadahan uyah beuleum dina batok demprak sarta nyokot piring badag keur wadah beuleum lauk. Diasongkeun ka Atus. Ku Atus ditampanana. Batok jeung piringna ditunda gigireun katuhuna.  Basa Atus keur mulak-malik beuleum lauk, kadenge sora manuk tuweuw hawar-hawar.

Anu tiluan curinghak. Papelong-pelong. Laju nangtung.

“Kami indit heula. Ke ka dieu deui,” ceuk nu pangkolotna bari ngusiwel kana kanjut kundangna, ngaluarkeun duit perak, sok diasongkeun ka tukang warung. “Engke  utang-itungna mah.”

“Engke wae atuh,” ceuk tukang warung.

“Keun wae,” tembal nu pangkolotna. Duitna ditunda dina tungtung meja beulah ditu lantaran tukang warung teu nyampeurkeun. Ngalieuk ka Aki Jaya. “Kami amit heula,” pokna deui.

“Rahayu,” ceuk Aki Jaya.

Baca Juga: Mataram Konfrontasi jeung Kumpeni di Batavia, Umbul Sukakerta Jadi Bupati Sukapura

Anu tiluan gagancangan kaluar. Ku panon Aki Jaya jeung ku panon tukang warung dituturkeun. Laleumpangna siga nu rusuh, ngaliwatan darmaga, terus  mapay jalan satapak nu brasna ka pahumaan. Sanggeus pengkolan, tiluanana teu kaciri deui, anu tembong teh rungkun saliara nu oyag-oyagan jeung manuk haliber siga anu kagebahkeun.

“Saha eta teh?” ceuk Gingin ka tukang warung.

“Teu nyaho, karek panggih,” tembal tukang warung.

Pangangguran Aki Jaya ngawaskeun ka peuntaseun darmaga. Taya nanaon, taya nu picurigaeun. Ti beulah ditu taya saurang oge nu rek meuntas. Kitu deui ti darmaga beulah dieuna, ti darmaga deukeut warung nu dipake ngaso Aki Jaya sabatur-sabatur. Tukang rakit dariuk handapeun tangkal caringin, teu jauh ti tempat nambatkeun rakitna.

Tapi naha nu tiluan sanggeus ngadenge sora tuweuw gura-giru indit? *** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler