"Rekomendasi anu dipasihkeun partey ka simkuring teh amanah kacida ageungna anu bade ku simkuring dilaksanakeun kalayan sahade-hadena," ceuk Karna Sobahi.
Ku geus dikaluarkeunna surat ti DPP PDI Perjuangan oge sakaligus nyieuhkeun tudingan negatif ngeunaan rumor ka saha, rekomendasi DPP PDI Perjuangan bakal dipasrahkeun.
"Tos teu kedah dijelaskeun deui, ieu tos terang benderang," ceuk Karna.
Karna Sobahi nambahkeun, luyu arahan DPP PDI Perjuangan kalayan ngeunteung ka Pemilu 2024 kamari, PDI Perjuangan diperedih pikeun ngabentuk koalisi jeung parpol lianna, sanajan sayatina bisa ngarojong sorangan.
Komunikasi politik, ceuk Karna Sobahi, geus dilaksanakeun boh sacara formal boh non formal. Lain ngan ssukur jeung parpol nu meunang korsi di parlemen tapi oge jeung parpol non parlemen.
Ceuk Karna, diskusi jeung sababaraha partey dilaksanakeun pikeun mastikeun pangwangunan di Majalengka kudu dilaksanakeun sacara babarengan, teu ngatik nempo saha anu engke unggul di Pilkada.
"Simkuring saparakanca tos umajak diskusi sareng partey-partey non-parlemen, margi Majalengka kapayunna dibangun sasarengan," ceuk Karna.
*** Ayank R Sambara