Surat Tugas jeung Rekomendasi ti DPP PDI Perjuangan Dipasrahkeun ka Karna Sobahi Cabup Majalengka

- 12 Juni 2024, 20:11 WIB
DPP PDI Perjuangan ngaluarkeun rekomendasi ka Karna Sobahi jadi cabup Majalengka dina Pilkada 2024.
DPP PDI Perjuangan ngaluarkeun rekomendasi ka Karna Sobahi jadi cabup Majalengka dina Pilkada 2024. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Dewan Pengurus Pusat (DPP) Partai Demokrasi Indonesia Perjuangan (PDIP) sacara resmi ngarekomendasikeun H Karna Sobahi jadi calon bupati Majalengka di Pilkada Serentak 2024.

Hal eta kaungkab nalika rengrengan pengurus DPC PDI Perjuangan Majalengka ngagelar jumpa pers bareng jeung sakumna wartawan di kantor DPC PDI Perjuangan, Rebo (12/06/2024).

Sekretaris DPC PDIP Majalengka, Tarsono D. Mardiana nandeskeun  kiwari sacara legal H Karna Sobahi geus resmi meunang mandat ti DPP PDI Perjuangan keur ditugaskeun jadi calon bupati.

"Surat rekomendasi calon bupati ti DPP PDIP tos ditampi ku Ketua DPC PDI Perjuangan, bapa Dr. H. Karna Sobahi, M.M.Pd," ceuk Tarsono anu ngawalan biantara di hareupeun puluhan wartawan di Kantor DPC PDI Perjuangan Majalengka, Rebo (12/06/2024).

Ieu Wakil Bupati manten Majalengka Periode 2018-2023 teh   nginstruksikeun sakumna kader PDI Perjuangan, mimiti ti tingkat cabang, PAC, nepi ka anak ranting, anu jumlahna 12 rebu ranting, pikeun ngahiji tur satekah polah berjoang sangkan  Karna Sobahi unggul dina Pilkada Serentak 2024.

"Hayu urang sukseskeun Pilkada Majalengka ku cara ngunggulkeun calon ti PDIP nyaeta Pa Haji Karna. Teruskeun dua periode," ceuk Tarsono.

Ketua DPC PDIP Majalengka Karna Sobahi anu oge bakal calon Bupati Majalengka Periode 2024-2029, netelakeun rasa syukurna kana kapercayaan anu dipasrahkeun ku DPP PDI Perjuangan.

Ieu Bupati Manten Majalengka nandeskeun, siap nyangking amanah tur neruskeu  kapamingpinan di Kabupaten Majalengka kalayan ngarojong visi-misi "Mapag Majalengka Bagja Raharja".

Inyana nyebutkeun, visina  mibanda tujuan keur mawa karaharjaan oge kamakmuran pikeun masarakat Majalengka. Sakaligus nuluykeun  pangwangunan di Kabupaten Majalengka kiwari.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah