Pangamat Politik Majalengka, Desun: Psychological Warfare Strategi Ngareunteutkeun Mental Lawan

- 12 Juni 2024, 06:30 WIB
Dede Sunarya.
Dede Sunarya. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Perang psikologis atawa psychological warfare (psywar), istilah sejen: perang mental teh strategi dina usaha ngareunteutkeun mental pihak lawan.

Dina politik, strategi psywar mindeng digunakeun pikeun mangaruhan opini publik. Upamana wae ngeunaan hiji kandidat atawa partey politik nu tangtu kalayan maksud sangkan popularitas jeung elektabilitasna turun.

Sangkan dianggap objektif, psywar mindeng dijieun ngaliwatan pernyataan publik di media massa (pers), anu satuluyna dishare sacara masif di sababaraha platform media sosial lianna anu dianggap efektif.

Psywar bagian ti teknik agitasi jeung propaganda pikeun ngarobah opini, kapercayaan kana perilaku-perilaku jelema.

Hal eta, ditepikeun ku Ketua Dewan Pembina GRIB Jaya DPC Kabupaten Majalengka, Dede Sunarya, nalika ditepungan ku wartawan di kantor Grib Jaya DPC Kabupaten Majalengka, Salasa (11/06/2024).

"Psychological warfare atawa psywar teh perang psikologi, perang saraf, perang agitasi jeung propaganda politik hususna di Medsos bakal langkung kenceng," ceuk Dede Sunarya (Desun).*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah