Pj Bupati Majalengka Ngistrenan 469 P3K di Alun-alun Majalengka

- 31 Mei 2024, 11:30 WIB
Pj Bupati Majalengka ngistrenan P3K di alun-alun Majelngka (30/05/2024).
Pj Bupati Majalengka ngistrenan P3K di alun-alun Majelngka (30/05/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Suasana anyar dina ngistrenan Pegawai Pemerintah dengan Perjanjian Kerja (P3K) di lingkungan Pemerintah Kabupaten (Pemkab) Majalengka, Kemis (30/05/2024).

Pj Bupati Majalengka Dedi Supandi mere suasana anyar ngistrenan P3K di tempat terbuka anu lumangsung di Aun-Alun Majalengka.

Ceuk Dedi Supandi ngistrenan di ruang terbuka pikeun mere kasempetan ka kulawargana sangkan bisa langsung nyaksian langsung. Hal ieu sajarah pikeun anu diistrenan katut kulawargana.

Dina diistrenana di lapang terbuka sakumna P3K dipiharep bisa neuteup ka alam nyata. Masarakat ngabutuhkeun layanan, jeung P3K teh pelayan masarakat anu kudu digawe kalayan daria.

Dedi mikahayang sakumna P3K anu diistrenan t mere pelayanan panghadena ka masarakat kalayan ihlas.

“Simkuring miharep diistrenana P3K nambihan sumanget urang sadayana dina ngalayanan masarakat Majalengka, margi ngawitan awal Juni tos nampi gaji P3K,” ceuk Dedi.

Plt Badan Kepegawain Pengembangan Sumber Daya Manusia (BKPSDM) Kabupaten Majalengka H. Gatot Sulaeman nambahkeun diistrenana P3K harita luyu jeung lampiran keputusan Penjabat Bupati Majalengka nomor 100.3.3.2 / KEP.321 - BKPSDM / 2024 ngeunaan pengangkatan Pegawai Pemerintah dengan Perjanjian Kerja (PPPK) formasi tahun 2023.

Dina taun 2023 Pemkab Majalengka muka lowongan P3K kalayan kabutuhan formasi sajumlah 469: guru  365 urang, tenaga kesehatan 31 urang jeung tenaga teknis lianna 73 urang.

"Anu ngiringan tes P3K aya 1.853 urang, anu diperyogikeun mung 469 jalmi. Anu diistrenan, ayeuna SK pengangkatan ngawitan 1 April 2024. Ngawitan awal Juni aranjeunna bakal di tempat kerja sakuyu SK masing-masing, " ceuk H. Gatot Sulaeman.**** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah