TNI-Polri Ngaroris Lokasi Rungkadna Tatangkalan nu Ngahalangan Jalan Raya Cikijing-Kuningan

- 18 April 2024, 17:33 WIB
Anggota Koramil 1705/Cikijing jeung anggota Polsek Cikijing katut warga ngaevakuasi tatangkaln nu rungkad  ngahalangan jalan raya Cikijing-Kuningan Rebo peuting (17/04/2024).
Anggota Koramil 1705/Cikijing jeung anggota Polsek Cikijing katut warga ngaevakuasi tatangkaln nu rungkad ngahalangan jalan raya Cikijing-Kuningan Rebo peuting (17/04/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Tatangkalan rarungkad ngahalangan jalan raya anu ngahubungkeun Cikijing-Kuningan, di Blok Cipadung Desa Sindangpanji, Kecamatan Cikijing, Kabupaten Majalengka, Rebo peuting (17/04/2024).

Danramil 1705/Cikijing Kapten Inf Dadang Purnomo netelakeun nyebutkeun rarungkadna tatangkalan ti peuting sabada hujan ayer-ayeran ti jam 16.00 WIB nepi ka jam 19.00 WIB.

Taya korban jiwa, ngan patali marga jadi kateug. Tambah deui, di tempat anu sarua, lamping urug nutupan cai, balukarna cai ngaleleb ka jalan katut padumukan warga di Desa Sulanari.

Anggota Koramil 1705/Cikijing jeung anggota Polsek Cikijing katut perangkat Desa Sindangpanji tambah warga sabudeureunna, ngaroris lokasi kajadian tur sagancangna ngaevakuasi tatatangkalan nu ngahalangan jalan.

Di tempat anu misah, Dandim 0617/Majalengka, Letkol Inf Dudy Pilianto, ka sakumna jajaran Koramil Kodim 0617/Majalengka pikeun cumeluk ka warga masarakat di wilayah teritorialna sangkan ngaronjatkeun kawaspadaan tur kasiapsiagaan.

"Intensitas curah hujan kiwari kawilang ageung, warga disuhunkeun ngantisipasi kajantenan hal anu sarupi. Tatangkalan anu dianggap ngabahayakeun dipangkas atanapi dituar. Masarakat oge kedah iatna kana bencana urug sareng banjir," ceuk Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P.*** Ayank R Sambara

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x