Dina Suasana Idul Fitri, Dandim Majalengka Ngabagikeun Sembako

- 13 April 2024, 13:05 WIB
Dandim 0617 Majalengka ngabagikeun sembako, Jumaah (13/04/2024)
Dandim 0617 Majalengka ngabagikeun sembako, Jumaah (13/04/2024) /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ngabagikeun kabungah di Hari Raya Idul Fitri 1445 H jeung wujud Jumaah anu pinuh barokah, Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., mingpin ngabagikeun sembako ka warga masarakat di wilayah teritorialna, tempatna di Kelurahan Tonjong, Kecamatan Cigasong, Kabupaten Majalengka, Jumaah (12/04/2024).

Ieu kagiatan  bukti kapadulian jeung tarekah ngabantu ngurangan bangbaluh masarakat kurang mampuh, anu utama dina suasana hari raya Idul Fitri 1445 H. Ku ayana ngabagikeun sembako dipiharep bisa ngabantu nyukupan kabutuhan sapopoe warga masarakat kurang mampuh.

Dina ieu kagiatan, Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., nyebutkeun ngabagikeun sembako  bukti TNI hususna Kodim 0617/Majalengka merhatikeun masarakat nalika suasana hari raya Idul Fitri jeung wujud kamanunggalan TNI-Rakyat.

Baca Juga: Warga Ngadeugdeug Bazar Murah Kodim 0617/Majalengka Ngabageakeun Hari Raya Idul Fitri 1445 H

"Dina Dinten Jumaah anu pinuh barokah tur dina suasana hari raya Idul Fitri, kulawargi besar Kodim Majalengka ngabagikeun sembako kangge warga, babakuna warga anu meryogikeun," ceuk Dandim 0617/Majlengka.

"Pamugi ieu kagiatan tiasa ngabantos bangbaluh masarakat dina nyekapan kaperyogian ekonomi,” ceuk Letkol Dudy Pilianto.

Sukirman salasahiji warga Kelurahan Tonjong, anu nampa sembako ngahatur nuhunkeun ka Kodim 0617 Majalengka. Inyana ngungkabkeun sembako kawilng mangpaat keur kulawargana.

“Hatur nuhun anu saageung-ageungna ka Pa Dandim anu tos ngabagikeun sembako, pamugi kulawargi besar Kodim Majalengka digampilkeun rejekina oge dipaparinan kasehatan sarta kalancaran dina ngalaksanakeun tugasna, aamiin," ceuk Sukirman.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x