Antisipasi Gangguan Kamtibmas di Bulan Suci Romadon, Kapolsek Sukahaji Mingpin Patroli

- 18 Maret 2024, 14:34 WIB
Kapolsek Sukahaji Kabupaten Majalengka mingpin apel keur ngalaksanakeun KRYD, Saptu peuting (17/03/2024).
Kapolsek Sukahaji Kabupaten Majalengka mingpin apel keur ngalaksanakeun KRYD, Saptu peuting (17/03/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kapolsek Sukahaji Polres Majalengka Polda Jabar, AKP Erik Riskandar, dibarengan ku Kanit Samapta, IPDA Riyana, mingpin  patroli KRYD (Kegiatan Rutin Yang Ditingkatkan), Saptu (16/03/2024) peuting.

Udaganana keur nyiptakeun situasi aman jeung ngantisipasi gangguan kamtibmas di wilayah hukum Polsek Sukahaji.

Saacan ngalaksanakeun  KRYD, dilaksanakeun apel di pakarangan Mapolsek Sukahaji. Dina kateranganana, Kapolsek nyebutkeun KRYD teh keur ngajaga kondusifitas tur kaamanan masarakat, 

Baca Juga: Sat Samapta Polres Majalengka Gelar Patroli ka KPU jeung Bawaslu keur Jaga Kondusivitas Kamtibmas

AKP Erik Riskandar nandeskeun pentingna kagiatan patroli rutin minangka bagean tina tarekah nyinglar jeung deteksi dini potensi gangguan kaamanan.

"Kapulisian komitmen kangge masihan rasa aman ka masarakat dina Bulan Suci Romadon, hudusna di malam  Ahad, anu mindeng rame kuaktivitas sosial," ceuk AKP Erik Riskandar.

Salila patroli, patugas ngacek sacara intensif ka area-area rawan gangguan kamtibmas. Kapolsek oge umajak masarakat keur aub  dina ngajaga kaamanan lingkungan sabudeureunna.

"Simkuring cumeluk supados warga silirojong tur ngalaporkeun kajantenan anu nyurigakeun kangge kaamanan sadayana," ceuk Kapolsek Sukahaji, AKP Erik Riskandar.

Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., nyebutkeun  tarekah ngahangkeutkeun kaamanan  teh bagean tina strategi Polsek Sukahaji keur nyiptakeun lingkungan anu aman, tumaninah, jeung kondusif.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x