Bupati Bandung Merenahkeun Batu Munggaran Pangwangunan RSUD Bedas Pacira

- 8 Maret 2024, 19:00 WIB
Bupati Bandung, merenahkeun batu munggaran pangwangunan RSUD  Bedas Pacira, di Desa Sukawening, Kecamatan Ciwidey, Kabupaten Bandung, Juma'ah, 8 Maret 2024.
Bupati Bandung, merenahkeun batu munggaran pangwangunan RSUD Bedas Pacira, di Desa Sukawening, Kecamatan Ciwidey, Kabupaten Bandung, Juma'ah, 8 Maret 2024. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Bupati Bandung, Dadang Supriatna merenahkeun batu munggaran pangwangunan Rumah Sakit Umum Daerah (RSUD) Bedas Pacira, di Desa Sukawening, Kecamatan Ciwidey, Kabupaten Bandung, Juma'ah, 8 Maret 2024.

RSUD Bedas Pacira pernahna di tengah-tengah sabudeureun Kecamatan Pasirjambu, Ciwidey jeung Rancabali (Pacira), gamping diakses ku masarakat di tilu wilayah bieu.

RSUD Bedas Pacira tèh RSUD nu kalima, sanggeus opat RSUD Bedas sèjèna, nyaèta RSUD Bedas Cimaung, Kertasari, Tegalluar Bojongsoang katut RSUD Arjasari diresmikeun ku Bupati Bandung Dadang Supriatna sawatara waktu kaliwat.

Baca Juga: Ladenan Pasen, Ulah Wara Nyabit Waragadna, Ceuk Bupati Bandung Basa Ngaresmikeun Stroke Center RSUD Majalaya

"Alhamdulillah RSUD Bedas Pacira  mangrupi RSID nu kalima salami 2 taun 10 sasih simkuring mancèn jamten bupati. Mugia pangwangunan RSUD Bedas Pacira lancar sareng hasilna engkè tiasa karaos ku sakumna masarakat Pacira," ceuk Dadang Supriatna.

Bupati Bandung nyebutkeun pangwangunan RSUD Bedas Pacira salasahiji tarèkah Pemkab Bandung dina ngaronjatkeun pangladèn kasehatan ka masarakat hususna di wilayah Pacira tur bisa ngaronjatkeun harepan hirup masarakat Kabupaten Bandung nu danget ayeuna geus tepi kana 74,27 taun.

Ceuk Bupati, jumlah warga Kabupaten Bandung 3,7 juta urang, ideal kabutuhan ruang rawat inep nu kudu disayagikeun kana 3700 tempat rawat inep.

Di Kabupaten Bandung, ceuk Dadang Supriatna,  ayeuna karèk aya 2000 tempat rawat inep, boh boga Pamarèntah Daerah Kabupaten Bandung, Provinsi Jabar boh swasta. Masih kakurangan kana 1.500 tempat rawat inep.

Baca Juga: Ngaresmikeun RSUD Bedas Tegalluar, Bupati Bandung Nyita-Nyita Ngadegkeun deui 6 Rumah Sakit

Engkè, Bupati Bandung eudeuk ningkatkeun status RSUD Bedas Arjasari jeung Tegalluar Bojongsoang, jadi tipe C,  impikasina kana paningkatan 100 tempat rawat inep. "RSUD Oto Iskandar Di Nata tos tipe B , insya Allah RSUD Cicalengka dua sasih deui jadi tipe B," ceuk Dadang Supriatna. Bupati ogè rèk nambahan puskemas, pustu, kaasup poned luyu jeung kajian.

Kepala DPUTR Kabupaten Bandung Zeis Zultaqawa nètèlakeun, pangwangunan RSUD Bedas Pacira kabagi dua tahap, taun 2023 jeung 2024.

"Tahap munggaran taun 2023, ngasakeun lahan. Tahap kadua taun 2024,  ngawangun fisik RSUD Bedas Pacira," ceuk Zeis. Inyana nargetkeun pangawangunan RSUD Bedas Pacira nu tilu lantè  baris rèngsè dina 18 Oktober 2024.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah