Media Gathering jeung insan Pers, KPU Kabupaten Bandung Ngawanohkeun Skuad Anyar

- 14 November 2023, 12:00 WIB
KETUA KPU Kabupaten Bandung, Syam Zamiat Nursyamsi (tengah) jeung para komisioner KPU Kabupaten Bandung nu anyar.
KETUA KPU Kabupaten Bandung, Syam Zamiat Nursyamsi (tengah) jeung para komisioner KPU Kabupaten Bandung nu anyar. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Komisi Pemilihan Umum (KPU) Kabupaten Bandung geus ngalaksanakeun 6 tina 11 tahapan Pemilu 2024: pemutahiran data pemilih, ferivikasi Parpol, panataan Daerah Pemilihan (Dapil), pencalonan DPD, pencalonan DPRD, jeung Penetapan Daftar Calon Tetap (DCT) tepi ka  3 Oktiber 2023 sarta diumumkeun tanggal 4 November 2023.

Kitu  ditepikeun ku Ketua KPU Kabupaten Bamdung, Syam Zamiat Nursyamsi satutas acara Media Gathering KPU dengan Insan Pers Kabupaten Bandung
di hiji rumah makan di Soreang Kabupaten Bandung, Senèn 13 Nopember 2023.

"Tahap salajengna engkè kaping 28 November 2023 dugi ka 10 Februari 2024, 75 dinten KPU badè ngalaksanakeun tahapan kampanye. Janten masa tenang kaping 11, 12,13 Februari 2024," ceuk Syam.

Baca Juga: Sentra Wiyata Guna Bandung Ngakayan 9 Daerah Gawè di 2 Provinsi

Ceuk Syam, Media Gathering digelar iwal ti pikeun nepikeun informasi patali jeung Pemilu 2024, sakalian leuwih ngawanohkeun ka awak mèdia, komisioner anyar KPU Kabupaten Bandung nu karèk diistrènan ku KPU pusat dina  30 Oktiber 2023.

Dina Media Gathering, Ketua KPU Syam Zamiat Nursyamsi dibarengan komisioner KPU Kabupaten Bandung sèjènna; Abdur Rozaq (Wakil Ketua), Yohanes Paulus ( Ketua Divisi Hukum dan Pengawasan), Griebaldi (Ketua Divisi Teknik Penyelenggaraan), katut Indra Kurniawan, Sekretaris KPU . Ngan, Ahmad Rosadi (Ketua Divisi Perencanaan, Data dan Informasi) aya halangan.

Sekretaris KPU Kabupaten Bandung, Indra Kurniawan, nyebutkeun tahapan kampanye terbuka jeung tertutup, pamasangan alat peraga jeung sajabana .

"Kampamye rapat terbuka atawa nu wanoh ku masarakat disebut arak-arakan diatur ku KPU dina tanggal 21 Januari 2024 tepi ka pungkas masa tenang, " pokna.

Baca Juga: Mapag Pemilu 2024 Kapolres Majalengka Umajak Anggotana Ngaronjatkeun Patroli bareng jeung TNI katut Pamarentah

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x